PANGANTEUR
Dimimitian ku nyebut jenengan Allah, Nu Maha Welas jeung Maha Asih
Kuring nepikeun "Dongeng Enteng ti Pasantren" ka hirup kumbuh.
Sumbangan asih keur pabukon lembur matuh tanda deudeuh ka taneuh maneuh.
Hade-gorengna, kamanah-henteuna, gembleng masrahkeun ka nu nimbangna.
Mun kamanah alhamdulillah! Dina henteu kamanahna — lumayan keur ngeusian anu suwung.
Barokallahu Ii walakum Muga Allah ngaberkahan urang sarerea. Amin.
Bandung, Januari 1961 Salam nu ngarang R.A.F.