AJILU
Kudu ngama'lum. Harita kuring keur budak keneh pisan. Can bisa mikir panjang. Ngan saliwat-saliwat.
Jadi mihape, tong ngukur carita-carita kuring make pikirán nu geus sawawa. Tapi kudu make pikiran budak. Mun kitu, kuring percaya, yen moal aya nu nunjuk-nunjuk ka kuring bari nuding, "Ah Si Eta mah jijieunan, moal enya"
Cacakan lamun kuring geus boga pikiran panjang, moal eta teh. Moal nepi ka kajadian kitu. Komo deui harita mah deuih, kuring teh kakara sababaraha bulan cicing di pasantren. Eta bae da ngaji ge can parat lima juy. Tidadalagor keneh ari maca oge. Malah sok remen dititah ngejah ari hese-hese teuing mah maca teh. Sok keuheul ari kudu ngejah teh." Alip enun tasjid jeer in, nun alip elam-elam tasjid jabar nal, lam jabar la, he jabar ha innallaha... jst... jst..."
Poe eta kuring keur ngabantuan Kang Haer. Keur nyieunan lapad di tajug. Tereh lebaran. Tajug teh dilabur deui. Ti luar jeung ti jerona. Jadi lapad-lapad nu bareto kapupus. Kudu diganti deui. Disebut ngabantuan teh saenyana mah ngan ukur mangnyekelankeun wadah kapurna wungkul. Atawa mantuan angkat jungjung mindahkeun taraje. Da can bisa nanaon atuh. Jeung deui teu kabeh santri bisa nyieun lapad. Kudu ahli, kudu bisa nulis alus.
Luhureun paimbaran lapad "Allah", handapeunana "Muhammad", di gigir-gigirna para sahabat, "Abubakar", "Umar", "Usman" jeung "Ali" (rodiallahu anhum). Geus ti kamari anggeusna eta mah. Ayeuna keur nganggeuskeun nu dina bilik luhureun jandela. Ayat Quran eta mah, "Innaddina 'indallahil islam" — agama nu diridoan ku Allah teh, agama Islam'.
Tabuh sawelas eta oge geus rengse. Alus naker, da nepi ka ayeuna oge kuring mah teu bisa nulis aksara Arab sakitu alusna.
Sanggeus rengse, sanggeus Kang Haer babatek, prak migawe nu hiji deui. Rek luhureun panto asup.
"Cing aos, Den, lapadna!" cek Kang Haer ka kuring.
Ku kuring dibaca, "Ajilu bissolati qoblalfaut, wa ajilu bittaubati qoblalmaut"
"Naon hartosna eta teh, Den?" cek Kang Haer barí prak ngamimitian nulis. Dipikiran ku kuring, weleh teu kaharti, "Moal enya teu kahartos?" cek kang Haer deui, bari jongjon digawe, "Geura... geura... urang tungtun. Ari ajilu, eta fi'il atawa isim?" "Fi'il," cek kuring.
"Naon tandana yen eta fi'il?" cek Kang Haer.
"Sabab teu nganggo alip-elam atawa tanwin," cek kuring.
"Fi'il naon?" cek Kang Haer. Kuring ngahuleng deui, "Fi'il mudore sanes?"
"Sanes," cek kuring, "margi teu aya alip, nun, ya atanapi ta."
"Euleuh enyaan geus pinter santri teh ieuh!", cek Kang Haer.
"Cing, teraskeun sarafna. Cing pesek, naon fi'il madina."
Bari rada dirarampa jeung dikira-kira... "ajala," cek kuring.
"Leres", cek Kang Haer. "Tuh, ana geus kapendak, yen sanes fi'il mudore, sareng sanes fi'il madi, jadi fi'il naon?"
"Fi'il... Amar," cek kuring rada asa-asa sieun salah.
"Sumuhun fi'il Amar, mun ka sarerea jadi ajil, lamun nitah ka saurang ajilu... Prak ayeuna mah tarjamahkeun!"
Sanggeus ditungtun kitu mah kakara kuring bisa narjamahkeun. "Buru-buru tarobat samemeh paroho, jeung buru-buru saralat samemeh maraot..." Eta hartina teh.
Atuh kang Haer terus migawena, sanggeus muji ka kuring nyebut calakan teh. Demi kuring, huleng mikir pihartieun eta lapad.
Cek pikir, "Salat mah asa tara poho-poho teuing. Tapi ieu tobat? Mangka rea pisan dosa nu can ditobatan teh. Sedeng, boa isuk boa pageto kuring maot teh. Taya nu nyaho. Boa teuing engke peuting. Leuh cilaka temen mun maot samemeh tobat.
Ari keur ngahuleng kitu, gebeg teh inget kana dosa basa maling lauk ti balong Ajengan. Sanajan enya loba batur nu maling lauk teh, tapi da rarasaan mah kuring nu boga pokalna.
Cek niat, engke tobat teh rek Lebaran. Tobatna ka Pangeran. Ari tobatna ka Ajengan, engke poean Lebaran.
Tapi..., boa hirup nepi ka Lebaran? Saha nu nyaho, maot memeh Lebaran, jadi memeh nobatan eta dosa? Saha nu nyaho, da Allah mah, Maha Kawasa Sedeng cek lapad tadi, buruburu tobat samemeh maot!
Teu loba deui nu dipikir, berebet kuring lumpat. Najan Kang Haer ngageroan oge, henteu dilieuk deui. Maksud teh rek ka bumi Ajengan. Rek tobat bebeakan, bari ngaluarkeun cimata. Sabab cek Ajengan, pangafdolna tobat nya eta nu dibarengan ku kaluarna cimata.
Kasampak Ajengan keur ngabaheuhay di tepas. Teu diraksukan-raksukan acan. Jol ka tepas, gaur bae kuring ceurik. Puguh bae Ajengan reuwaseun. Basa Ajengan mariksa "ku naon", kuring teu buru-buru ngajawab, ngan "sieun maot memeh Lebaran", cek kuring teh pegat-pegat.
Sanggeus sawatara lila, kuring leler ceurik teh. Bakuna mah era, da katenjo aya nu nolol tina panto jero. Sidik, make cindung beureum.
Kakara geus kitu mah, kuring nyaritakeun dosa kuring maling lauk ti balong Ajengan, sakalian tobat menta pangampurana.
Gancangna carita, kuring geus dihampura ku Ajengan. Lahir-batin, dunya-aherat. Ditungtungan ku kecap Ajengan, "Hanjakal anta tobat teh beurang. Sedeng kapan batal puasana, ari keur puasa ceurik teh"
Atoh pedah geus tobat jeung geus dihampura, handeueul pedah batal puasa, kuring balik ka kobong. Jol ka kobong, teu asa-asa rot bae nginum. Puguh, Si Atok nepi ka colohok.
Ku kuring didongengkeun, perkara lapad, perkara tobat perkara, ceurik jeung perkara batal puasa, cek Ajengan.
Naha atuh, ari gaur teh Si Atok ceurik, pokna ana oge dosa, ana oge hayang tobat.
Sajam ti harita, batur keur meujeuhna lentah-lenteh lapar teh, kuring jeung Si Atok mah ngalimed murak liwet haneut bari nyocolan sambel goang.
Si Umar datang teh, liwet geus tinggal kerakna. Taksiran lamun aya keneh mah, tangtu manehna oge ceurik lolongseran hayang nurutan tobat.