TUNIL

Nambahan kabisa perkara tunil mah, kuring dua taun masantren teh. Sabab kalatih. Sok remen tutunilan. Pangalaman nu cek saliwat mah teu sapira, pangalaman tunil di pasantren, ayeuna sok gede gunana, lamun di kota kuring ngayakeun tunil. Boh ngarangna, boh ngaturna.

Saenyana, memeh aya kuring mah, pasantren eta teh can wawuh pisan jeung tunil. Da kuring nu jadi paloporna. Hartina kuring nu ngamimitian boga pokal tutunilan teh. Demi kuring nyaho tutunilan teh sabot di lembur keneh. Basa sok ngaji di Ajengan Enoh. Ti imah teh ngahaja mawa samping. Keur layar engke ari tas ngaji.

Kabeneran jol masantren ka tempat ajengan anu "moderen". Ajengan nu resep kana kasenian.

Kungsi anjeunna mesek pentingna kasenian, sarta henteu haramna tatabeuhan saperti gamelan, kendang penca jeung sabangsana. Saurna, "Ana mah sok ngarasa aneh, mun aya nu nyebut, yen ngadengekeun gamelan eta haram. Sedeng ari ngadengekeun terebang henteu. Asa teu kaharti, padahal duanana tatabeuhan. Geura dengekeun tah gamelan sing husu. Tah, sora goongna ngungkungan. Gung... gung... geuning ngajak muji ka Nu Agung.

Tuh, geura bandungan sarengkak saparipolahna nu ngibing. Estu tartib. Ngaheulakeun nu kudu ti heula, jeung mandeurikeun nu kudu pandeuri. Teu meunang pacorok. Da kitu kuduna hirup oge. Kudu tartib.

Geura bandungan nu maen tunil. Tuh aya buta gagah rongkah, aya satria weduk. Kabeh ge hareupeun layar wungkul. Sanggeus layar nutup mah teu weduk teu sing, teu gagah teu sing. Kitu mungguh hirup oge. Teu beda jeung nu ngatur lalakon. Da ari geus balik mah ka tempat asal, sarua taya anu gagah taya nu bedas. Sarerea oge tumamprak kana kersa Pangeran. Da tadi ge, dibedaskeun jeung dirongkahkeun teh ngan ku Pangeran. Manusa mah ngan darma ngalampahkeun, kawas nu maen tunil, ngalampahkeun kuamah kahayang nu nyieun lalakon.

Nu haram soteh, nu asup kana masiat soteh, mun raramean kitu dijadikeun ujub takabur, atawa ngajadikeun urang poho kana sagala rupa. Nepi ka poho salat upamana bakat ku resep. Atawa bakat ku suka, nepi ka poho ka Pangeran." Kitu pamanggih Ajengan kana kasenian. Nu matak cek kuring oge moderen.

Da remen atuh Ajengan teh miwarang barudak santri ngacapi, atawa ngemprungkeun kendang penca. Malah sok rajeun ngengklak ngibingan sagala rupa. Lagu "Buahkawung" kasedepna teh, moal poho.

Nu matak basa kuring nyoba tutunilan teh, kamanah pisan ku Ajengan. Tapi tunil di pasantren mah henteu sarua jeung tunil di kota. Kahiji lebah lalákonna. Teu bisa sambarangan. Tapi kudu nu saluyu jeung ajaran. Kaduananu maenna lalaki wungkul.

Ari kuring, sajero masantren lain tina ngaji nonjol teh, tapi tina dua perkara nu sejen.

Kahiji dina kasenian, pangpangna dina tutunilan. Kuring nu jadi "sutradarana-", malah sakapeung mah kuring sorangan sok milu maen jadi nu nyekel lalakon pangpentingna.

Tunil teh di bale, tilu-opat bangku dihijikeun. Minangka panggungna. Layarna ku reregan pangwedonan. Make panitih dikana-kawatkeun. Serelek ditarik. Ah, naon bedana jeung layar enyaan.

Nu lalajona mah awewe-lalaki. Jeung lain pangeusi pasantren wungkul nu ngadeugdeugna teh, tapi jeung urang kampung deuih. Ngagarimbung hareupeun baie. Teu beda jeung lamun rek ngabandungan tableg. Jeung da ari hakekatna mah tableg atuh, lain sandiwara. Sabab saperti cek tadi, lalakonna teu meunang ingkar tina pangajaran.

Mani caruringhak jalma-jalma teh basa Si Atok ku kuring dititah ngembarkeun, yen nu rek disandiwarakeun teh lalakon "Jaomal Qiyamah". Meunang kuring ngadeluk narjamahkeun tina Quran, dibantuan ku Kang Engkus anu beunang disebut rajana dina Lugoh mah.

Basa geus rengse, ditembongkeun ka Ajengan. Mani unggut-unggutan bakat ku kaanggo. Malah kungsi ditambahan ku anjeunna di ditu, di dieu. Teu kudu diterangkeun deui meureun, yen naskah teh ditulisna ku aksara Arab.

(Beh dieu, beh dieu taun 1959, ieu sandiwara "Jaomal Qijamah" teh ku kuring kungsi disampurnakeun, sarta kungsi dipintonkeun di sawatara tempat di Priangan).

Kuring sorangan harita teh milu maen. Jadi jelema doraka, nu kokoloyongan barí sasambat, teu kuat nahan panasna padang Mahsyar.

Sandiwara teh dimimitian ku Qiro'at Si Usup, maca surat "Zalzalah", geus kitu layar muka. Ahli-ahli kubur harudang, humaregung bari sasambat, "Ja waelana, man baatsana min markodina..." (Nu Maha Agung, saha ieu nu ngageuingkeun — surat Jasin). Terus aya sora, "... hadza ma waadarrohman, wasodakolmursalun... " (tah, eta nu dijangjikeun teh — surat Jasin keneh).

Saterusna ku kuring dicoba digambarkeun, boh ku polah, boh ku ucap, kumaha bangetna siksaan. Tempat nu panas, teu aya iuh-iuh geusan nyalindung. Taya cai nu bisa ngubaran hanaang, taya dahareun nu bisa ngubaran lapar. Kabeh mangrupa cucuk-cucuk sareukeut jeung nanah anu ngagolak. Eta kabeh, meunang kuring nyutat tina Quran.

Eta nu inget teh, keur calón ahli naraka maridangdam. Bari diharudum sarung, lolongseran nadahkeun leungeun ka langit. Menta tulung ka calon-calon ahli sawarga. Ngong ngawih, kieu ngawihna:

Aduh indung, aduh bapa geuning bet kieu jadina (alok: kuring sangsara) teungteuingeun anu mu'min di dunya henteu ngingetan (alok: henteu ngelingan)

Ditempas ku calon-calon ahli sawarga bari nunjuk-nunjuk calón pangeusi naraka. Kieu kawihna:

Trong kohkol andika anggur morongkol dur bedug andika anggur murungkut diadanan beuki tibra pajar maneh teu ngelingan (alok: henteu ngelingan) dasar jelema doraka kudu asup ka naraka

Ahli naraka deui:

aduh indung, aduh bapa geuning bet kieu jadina jst., jst.,

Lain bohong. Meh kabeh jalma rambisak. Bari barabacan, "... aaudzubillahi min dzalik, audzubillahi min dzalik ...." cenah.

Isukna, kuring disaur ku Ibu Ajengan. Jol kuring, Nyi Halimah asup ka imah. Bangunna mah geus nyahoeun, naon nu rek dicaritakeun ku indungna.

Saur Ibu Ajengan, "Ana mah resep pisan kana tunil nu wengi teh. Tapi engke deui mah, upami bade dimaenkeun deui, ulah anta nu jadi ahli narakana. Hariwang ningalna. Jadi ahli sawarga bae. Keun bae nu jadi ahli naraka, mah sina Si Atok atawa Si Umar."