MAN SYABBAA'LA SYAEIN
Man syabba'ala syalin, syaabba 'alaeh... kitu cek ajaran. (Saha nu ngabiasakeun kana hiji perkara, tangtu jadi biasa). Karasa benerna nepi ka ayeuna. Saluyu jeung ajaran saha bae oge. Maksud teh, sanajan kuring pangheulana meunang eta ajaran teh lain ti propesor, tapi ukur ti Ajengan urang kampung. Bisi ieu mah, nu matak dicaritakeun teh, bisi pedah lain ti propesor. Pek dianggap henteu bener. Da dihenteu-henteu oge ari urang mah, sok silo ku tempat datangna elmu. Lamun lain tina buku kandel beunangna urang asing, sok tara pati percaya. Demi kuring percaya kana kecap ajengan, yen kangangaranan elmu mah najan datangna ti "domba" oge kudu dipulungan. Kapan cenah ge, "Undzur ma kola, wala tandzur man kana". Dengekeun omonganana, montong ditenjo ti saha eta omongan teh kaluarna.
Saperti eta bae geura, kabiasaan santri mun di cai tas kahampangan sok ngadehem. Eta mimitina mah disebut sunat ku ajengan. Bisa jadi enya sunat. Da meh kabeh ajengan nyebut kitu. Jeung geura bae buktikeun, tina 100 urang santri atawa ajengan, lamun ka cai, 99 urang mah pasti sok ngadehem. Bisi teu percaya, bisa dicoba. Lamun aya kiai asup ka jamban rek kahampangan. Pek tuturkeun, urang ngahaja nangtung deukeut pantona, pasti memeh panto jamban dibuka deui teh, urang bakal ngadenge dehem. Bisi teu percaya ieu mah. Tapi mending percaya bae, da kuring oge lain ngarang ieu teh. Ngarah teu kudu nutur-nutur jalma ka jamban teu puguh-puguh.
Ari geus biasa mah deuih sok tara karasa. Tapi ngabiasakeunana oge lain perkara gampang. Saperti dina soal ngadehem di cai tea upamana. Inget keneh. Ajengan los-los nepi kana dehem teh mimitina mah tina soal nerangkeun kecap "tartib". Demi tartib teh cenah ngaheulakeun nu kudu ti heula, jeung mandeurikeun nu kudu pandeuri. Duka, poho deui patula-patalina mah. Ngan ahirna conto nu dicokot ku Ajengan teh soal ka cai. Saur Ajengan, "Sing tartib, mangkade poho ngadehem. Kakara harita kuring oge ngadenge yen kudu ngadehem teh. Da kuring nu nanyakeun oge ka Ajengan teh, "Naon margina kedah ngadehem Ajengan?"
Saur Ajengan, eta teh sunat hukumna. Da Nabi oge ari tas kahampangan teh sok ngadehem. (Kakara kapikir beh dieu ku kuring, naon sababna pang kudu dehem teh — ngarah calana bisa dipake salat!) Tah ti dinya numbu kasauran Ajengan teh, kana sawatara babacaan nu kudu dibaca di "Baetil chola" (W.C.) Cenah ngan eta-etana nu meunang dibaca. Sabab ari di baetil chola mah salian ti maca * eta dina waktuna, teu meunang babacaan nu sejen. Lebah dinya, kuring deuih nu nanyakeun oge, "Naon margina?" Jawabna, "Sabab ari di Baetil chola teh karesepna Setan nyumput". Duka pedah kuring harita budak keneh pisan bae, da pertanyaan kuring teh teu kungsi terus kana, "Naon margina pang di tempat penyumputan Setan teu kenging babacaan?" Duka, naon sababna pang kuring henteu nanya nepi ka dinya.
Santri-santri nu geus heubeul mah, saperti Kang Haer, Mang Udin jeung sabangsana rada nyeungseurikeun kuring naros kitu teh. Malah Mang Udin mah semu ngahina ka kuring teh, "Kutan can terang?" cenah.
Tah sanggeus kitu mah, santri-santri nu "saangkatan" jeung kuring sok ngabiasakeun. Geus sabulan — leuwih — kakara biasa. Maksud teh tara poho. Da ari mimitina mah teu kalis ku poho. Nepi ka Si Umar mah, meh unggal tas ti cai geus meunang sapuluh lengkah oge sok balik deui. Mun ditanya tas naon, atawa naon nu tinggaleun, pokna, "Lain aya nu tinggaleun, tadi poho henteu ngadehem heula."
Da nepi ka sakali mangsa mah Ajengan keur pusing. Nitah Si Umar ka bumina nyokot kitab. Jut ti tajug, Si Umar bus heula ka cai. Tas ti cai berengbeng lumpat ka bunii Ajengan. Tapi teu lila jebul deui. Henteu tuluy sup ka tajug, tapi bus deui ka cai. Tas ti cai belenyeng... deui lumpat ka bumi Ajengan. Katingalieun ku Ajengan, lita kaciri benduna Ajengan. Teu lila jol Si Umar mawa kitab. Gek diuk, sok diasongkeun. Ujug-ujug gantawang bae Ajengan nyeuseul. Pokna asa diheureuykeun. Si Umar terus terang, pokna, Punten bae, ana teh lepat. Tadi memeh mios teh ka cai heula, barang dongkap ka bumi Ajengan, kakara emut yen tadi di cai teh teu kantos ngadehem heula. Atuh wangsul deui, ngadon ngadehem. Ti dinya nembe ngabantun kitab..." Tetela,... tetela Ajengan gumujeng. Ngan ditahan. Da api-api nutupkeun jandela paimbaran. Jeung rada lila deuih nutupkeunana. Si Umarna, da teu riuk-riuk atuh. Kituna mah, da enya meureun lain niat ngabodor kituna teh.
Saminggu ti harita kungsi aya ribut di Tajug. Si Tohir keuna diwuruk ku Mang Udin. Inget keneh, lebah narjamahkeun sawatara surat "Albaqoroh" (kakara mimiti diajar narjamahkeun Quran). Pohara beletna Mang Udin nyelang heula ka cai. Ngan sakoteap geus jol deui. Gek diuk, gap deui kana Quran. Kakara gap, Si Usup unggah. Da teu tata-pasini deui, ari pok teh.
"Naha Mang Udin, tas batal wulu teu wulu heula terus nyekel Quran?" Curinghak sarerea oge. Atuh Mang Udinna curinghak deuih. "Cek saha ana batal wulu, ana mah ka cai teh ngadon nyiduh!" walon Mang Udin bari rada molotot. Ribut pa cental-cental. Si Usup keukeuh nuding Mang Udin teu wulu deui, Mang Udin keukeuh teu rumasa batal wulu.
Lamun euweuh Ajengan, taksiran Mang Udin ngajak galungan. Da bangun pohara ambekna. Tungtungna dipisah ku Ajengan. Si Usup dipariksa, naon sababna pang manehna yakin-yakin teuing, yen Mang Udin batal wulu. Si Usup wani naker ngajawab, "Ana yakin, sabab basa ana ngaliwat, kakuping pisan Mang Udin ngadehem. Moal enya nyiduh wungkul make ngadehem. Teras kaluar ti cai, henteu katingal tas wulu deui, da garing." Atuh Mang Udin tetep dina kateranganana. Ahirna Ajengan mariksakeun ka nu tas ti cai, sugan aya nu terang. Si Atok teu disangka-sangka ngacung. Pokna," Ana terang pisan, yen Mang Udin henteu batal wulu, margi Mang Udin mah ngadehem soteh..." Ngan nepi ka dinya Si Atok ngomongna. "Ngadehem ku naon?" saur Ajengan. Si Atok bangun teu wani nerangkeun, nepi ka dadaku rek ka cai. Bari leos indit. "His teu puguh Si Atok mah," saur Ajengan bari neruskeun hanca ngawuruk.
Di kobong, kakara Si Atok terus terang ka kuring. Pokna, "... Mang Udin mah ngadeheman Nyi Halimah..."
NGARAN
Di batur mah aya kecap, "What is in a name?" Taya hartina cenah ngaran mah. Nu penting mah lain ngaranna, tapi nu ngabogaan eta ngaran.
Henteu kitu eta teh ari pikeun di pasantren mah. Ngaran teh pohara pentingna. Jeung saenyana taya bedana meueus-meueus acan jeung di kota. Maksud teh dina soal nyieun ngaran tea. Kapan geuning di kota oge, lantaran aya anggapan yen urang teh sahandapeun Eropa, ari ngaran teh sok nurutan ngaran Eropa. Saperti, Eddy, Max, Hanny, Mammy dst. Asa karasa matak era malah, lamun ngaran jiga teuing ngaran bangsa urang. Era make ngaran: Adung, Maksum, Haniah, Salamah, jsb.
Tah kitu di pasantren oge. Ngarasa kurang terhormat, lamun ngaran henteu nyokot tina basa Arab. Komo kapan ari haji mah. Hese neangan haji anu ngaranna lain kecap Arab. Ari ku kitu tea mah, da kapan ari balik ti Mekah teh sok garanti ngaran. Saperti haji Muhammad Badrudin nu beunghar di Pengkolan, kapan memeh ka Mekahna mah ngaranna Sanukri. Lurah hormat bae kapan memeh ka Mekahna mah ngaranna Wihardi, ari geus jadi haji robah jadi Abdul Arief. Kamashurna mah haji Arip.
Ku kituna teu aneh, mun barudak pasantren baroga ngaran rangkepan. Biasana beunang Ajengan ngaran rangkepan teh. Kudu beunang Ajengan, sabab Ajengan ku anjeun geus nyebutkeun, yen teu meunang make ngaran nu "salapan puluh salapan" tanpa make Abdul di hareupna. Nu dimaksud salapan puluh salapan" teh jenengan Pangeran. Kapan cenah jumlah salapan puluh salapan teh dicatetkeun dina leungeun manusa. Dina garis-garis dampal leungeun. (geura titenan, leungeun kenca angka 81 (angka Arab tangtuna oge) Leungeun katuhu 18. Lamun dijumlahkeun katuhu jeung kenca jadi 99. Tah pikeun nu rek make jenengan Pangeran mah kudu make Abdul. Saperti ngaran Abdullah contona mah. Kapan eta teh asalna ti dua kecap, Abdul jeung Allah. Jadi lamun teu make teh, moal enya ngaran jelema kudu Allah onaman. Gopur eta oge jenengan Allah. Jadi teu meunang Gopur wungkul kudu Abdul Gopur. Cek Ajengan, teu merenah mun jalma ngaranna Rahman atau Rohim, tapi kudu, Abdurrahman, Abdurrahim jst... jst.
Rata-rata barudak pasantren baroga ngaran rangkepan, atawa malah iolobana mah digaranti ngaranna.
Aya nu kaliwat. Kuring sorangan kungsi nanyakeun ka Ajengan naon sababna pang (meh) unggal jalma nu balik ti Mekah kudu bae ngaganti ngaran. Katerangan Ajengan kieu, "Kapan ari jalma indit ka Mekah teh ngadon nyucikeun diri. Jadi lamun urang tas munggah haji, kabeh dosa nu enggeus-enggeus teh kalabur Jadi sanggeus kitu eta jelema teh jadi suci deui — teu beda ti orok anu kakara brol. Ku kituna, estu merenah tur munasabah, lamun eta jelama ngaganti ngaran. Da memang beunang disebutkeun ngabaru deui hirup. Eta deuih sababna pang lamun maot sanggeus munggah haji, dianggap pohara bagjana. Ari sababna, maot teh sasatna dina "status" orok anu kakara gubrag. Jadi "beresih" tina sagala dosa. Moal ka mana, ka Firdaus leosna mangke teh, dina yaomal kiyamah. Tah eta deuih sababna, pang di kampung mah timbul hiji kapercayaan, yen ari munggah haji mah kudu geus kolot. Ngarah sanggeus jadi haji, memeh maot teh henteu loba (teuing) nyieunna (deui) dosa. Kapan sareatna nu geus kolot mah umurna moal lila deui, dibandingkeun jeung nu ngora. Lain eta mah — lain papahaman Ajengan cek kuring tadi, aya kapercayaan!
Mang Udin bejana basa datang ka pasantren mah ngaranna teh Kardun. Diganti ku Ajengan jadi Syamsuddin (Syamdu panonpoe, din = agama). Cek Si Atok, padahal keur Mang Udin mah mending keneh Kardun, sabab surup kana rupana. (Ari kardun teh hartina monyet).
Kuring dibere ngaran ku Ajengan teh alus pisan, Rochmatullah. Nepi ka sakola menengah kelas II mun teu salah, kuring make keneh ngaran eta dihareupeun ngaran pamere ti bapa teh. Kabehdieunakeun ngan R — na wungkul nu dipake teh. Nepi ka ayeuna. R. dina R.A.F saenyana mah tina Rochmatullah eta teh. Ngaran pamere Ajengan. Batur kuring nu kungsi sakola di sakola tani Ungaran (Semarang), tangtu ingeteun keneh, yen ngaran kuring make Rochmat di hareupna.
Kungsi aya riributan tina perkara ngaran teh. Nepi ka Ajengan disaur ku Juragan Camat sagala rupa. Si Umar (nu boga dosana) aya beja rek diperkarakeun malah. Ari alatanana kieu.
Anak camat — ku kuring kungsi dicaritakeun, Dang Engkos tea — kungsi lar-sup ka pondok. (Cek Si Atok mah, ngahelaran Nyi Halimah). Kuring dina lebah dinya milu salah. Ah, da salah-salah, teu rumasa! Ieu mah pedah teu nyaho bae kumaha dudukna perkara.
Bejana — kuring keur ka lembur — aya Dang Engkos ngadon ngendong ka pondok. Ngobrol di kobong, bras kana soal ngaran. Dang Engkos harita menta ngaran ana asal tina basa Arab. Ka Mang Udin mentana mah. (Dongeng Si Atok ka kuring ieu teh). Mang Udin teu manggih ngaran alus. Na ari celengkeung teh Si Umar ti jero, "Kumaha mun Adang mah jenengan Muhammad Chinjir bae." Sarerea oge reuwas santri-santri, teh, sabab nyaho yen Si Umar teh heureuyna kaliwatan. Teu disangka-sangka... atoheun Dang Engkos teh. Malah pok, enya alus lamun ngaran kuring (Kuring ngabasakeunana teh) Raden Kosasih Muhammad Chinjir. Taya santri nu wani ngomong, nepi ka Dang Engkos balik. Ngan sanggeus balik, Si Umar pada ngagelendeng. Tapi ngan ukur cicirihilan. Marukanana, moal aya buntutan.
Hiji poe kuring ka kacamatan. Keur ngobrol-ngobrol jeung Juragan Camat istri-pameget, pok Juragan Camat-istri, "Ieuh, Si Engkos aya nu mere ngaran alus, Mohammad Chinjir. Malah rek dihajatan sagala rupa, da kahayangna. Cek kuring, "Moal enya Chinjir. Margi upami teu lepat ari Chinjir teh hartosna, bagong. Eta Juragan Camat pameget kaciri reup beureum, ray pias. Bakat ku bendu.
Cek kuring ge tadi, nepi ka jadi perkara. Ajengan disaur, Si Umar rek diperkarakeun. Duka kumaha beresna mah. Ngan nu inget mah, Si Umar kungsi meunang dua bulan leuwih indit ti pasantren. Kabur, teuing ka mana. Datang deui soteh, sanggeus ngadengeeun, yen geus beres, teu jadi diperkarakeun!