CITA-CITA

Aya sawatara Ajengan anu ngamakruhkeun urang nyaritakeun cita-cita. Sabab cenah, ari nyaritakeun cita-cita teh deukeut-deukeut kana ujub ku umur. Ujub ku bakal panjangna umur. Sedeng ari umur tea kapan henteu meunang diujubkeun. Da taya nu nyaho tea, duka engke duka isuk. Kitu cek ajengan nu ngamakruhkeun.

Ari Ajengan pasantren kuring mah ngawenangkeun nyaritakeun cita-cita teh. Sabah nurutkeun Ajengan kuring mah, ari cita-cita teh teu kurang teu leuwih ti hiji i'tikad pikeun waktu anu panjang. Eta cenah, moal kaudag lantaran kapegat manten ku umur, eta mah lain tanggungan urang. leu mah sakadar "niat" pikeun hiji lalampahan. Enyaan Ajengan boga paham kieu teh, matak disebut enyaan teh, eta bae da kungsi nyeukseukan ka Si Salim, santri anu kasebut calakan. Pedah basa ditanya naon cita-cita jawabna: "Ah, ana mah kumaha dikersakeunana ku Pangeran bae".

Saur Ajengan: "Tumamprak kana kadar Pangeran eta bener. Tapi ari ihtiar eta jadi hiji kawajiban. Ngarepkeun kadar Pangeran bari henteu ihtiar eta henteu beda ti hiji jalma jagjag waringkas anu pagaweanana baramaen. Innallaha la jugoyyiru ma biqaomin, hatta jugoyyiru ma bianfusihim, kitu cek Quran. Allah ta'ala moal ngarobah nasib hiji golongan, lamun eta golongan pribadi henteu usaha pikeun ngarobah. Wa'arifta ya bunayya (kapan geus nyaho anjeun oge anaking) naon nu disebut qaom. Ari kaom teh nya eta kumulan, "nas" (manusa). Jadi sarua bae Innallaha la jugoyyiri ma biinsani, hatta jugoyyiru ma bianfusihim." Eta sababna nu matak cek kuring tadi, Ajengan kuring mah nganggap kacida pentingna soal cita-cita teh.

Saur Ajengan keneh: "Ari nu disebut kadar saperti nu kaunggel dina rukun iman anu kagenep teh, nya eta hiji kaayaan anu geus dibarengan ku ihtiar manusa. Jadi soal ihtiar eta penting. Lamun hiji kaayaan goreng sanggeus diusahakeun sangkan alus, eta nu disebut qadar syari (goreng) teh. Can bisa disebut qadar lamun eta kaayaan tacan dibarengan ku usaha. Tah ieu, soal usaha anu aya pakaitna jeung cita-cita teh.

Tah sanggeus meunang pangajaran eta, santri-santri sok remen huleng-jentul (istilahna harita: teh tafakkur) mikiran cita-cita.

Minangka terusna ti eta pangajaran, dina riungan sok rajeun Ajengan mariksa santri-santri tina perkara cita-cita. Mang Udin cita-citana teh hayang nepi ka maot ngiring Ajengan di pasantren eta. Cek Si Atok: "Hiji antara dua. Atawa pupujieun, atawa memang hayang nepi ka maot ulah jauh ti Nyi Halimah."

Kang Haer hayang boga madrasah. Ari Kang Usman hayang boga pondok bari rek usaha mijahkeun lauk. Si Umar rada aneh: hayang jadi ajengan! Ditanya ku Ajengan: "Naon sababna pang hayang jadi ajengan?" Jawab Si Umar: "Ambeh boga tanah wakap!" Ngabalieur Ajengan ngadangu ieu jawaban mah. Ari sababna Ajengan teh salianna boga pondok tina wakap teh, oge jeung muka sawah tilu bau. Tanah wakap eta oge.

Demi cita-cita teh saenyana gumantung kana kaayaan anu aya di lingkungan (milieu). Tah jigana kalawan dasar eta: "Kahiji, pedah kuring kungsi sakola di kota, kadua, ku kaayaan lingkungan di lembur, pang di antara para santri, cita-cita teh pangluhurna, pedah cita-cita kuring mah hayang (mun geus kolot teh) jadi... panghulu! Pek saleungseurikeun, tapi sumpah oge wani — eta cita-cita kuring harita. Bisi aya nu teu percaya, kuring bisa nuduhkeun saksi-saksina. Ustadz Hudori direktur sakola panghulu di Ciamis harita tangtu emuteun keneh, yen kuring kungsi dianteurkeun ku Eyang pameget ka anjeunna, sangkan kuring ditampa jadi murid sakola panghulu. Tapi teu ditarima, ari sababna budak teuing harita teh.

Ku anjeunna malah kuring dianjurkeun, sangkan kuring sakola bae heula di "onderbouw" sakola panghulu nya eta madrasah "Miftahul Huda" (Miftah = konci . Huda = pituduh). Atuh pikeun nyodorkeun saksi-saksi yen kuring kungsi sakola di Miftahul Huda, kuring wani pisan. Sababna... pohara lobana.

Nyarita kitu teh, bisi ieu mah - bisi aya nu nyebut ngarang mun kuring nyaritakeun yen cita-cita kuring harita teh: jadi panghulu.

"Naon sababna pang hayang jadi panghulu?" kitu cek nu nanya. Lain-lain Ajengan nu mariksa kitu teh. Da Ajengan mah henteu sasauran nanaon, basa ngadangu cita-cita kuring kitu teh. Anjeunna mah ngan namprakkeun dampal pananganana duanana, bari ngadoa sangkan cita-cita kuring diijabah ku Pangeran. Jeung saterusna, tetela lain henteu matihna pangdoa Ajengan pang kuring henteu kungsi jadi modin acan oge. Eta mah salah kuring nu ikhtiarna.

Ieu mah aya bae nu nanya. Mang Udin ari kudu dibalakakeun mah nu nanya teh. Ari nu matak Mang Udin nanya kitu, pedah kungsi aya hawar-hawar yen cita-cita Nyi Halimah, mun geus kolot teh hayang jadi bojo... panghulu. Tapi estuning teu aya hubunganana. Da wani sumpah, kuring hayang jadi panghulu teh lain sanggeus ngadenge eta "kabar angin" yen Nyi Halimah hayang jadi bojo panghulu Wallahi, lain lantaran eta! Atuh kuring henteu percaya kana omongan Si Atok oge, yen cenah, pang Nyi Halimah boga cita-cita kitu teh lantaran enggeus ngadengeeun cita-cita kuring. Teu kuring mah, teu percaya. Eta mah dasar Si Atok. Da ku Si Atok saenyana mah pang Mang Udin jadi sakitu panasaranana oge, nepi ka pok nanyakeun alesan kuring pang hayang jadi panghulu.

Pondok jawaban kuring ka Mang Udin harita: Ah, mending entong nyaritakeun jawab ka Mang Udin harita, mending urang nyaritakeun lengkepna bae, pang kuring hayang jadi panghulu. Ari sababna nu matak kitu, pendah ku jawaban kuring harita, Mang Udin bangun beuki teu resepeun ka kuring teh, Jadi mun kuring nyaritakeun deui soal eta, bisi jadi ngandung harti ngupat Mang Udin.