MASANTREN
Muji sukur ka Nu Maha Kawasa nu marengkeun kuring masantren, nganuhunkeun ka si Unung - batur kuring - nu ngabibita nepi ka kuring terus masantren, nganuhunkeun ka indung bapa nu jadi marga lantaran kuring masantren. Najan teu lila, ukur dua taun.
Perlu kuring nganuhunkeun jeung muji sukur saperti di luhur, sabab kuring ayeuna ngarasa pohara untungna pedah dina sajarah hirup, kuring kungsi ngalaman masantren.
Karasa rea gunana dina hirup saterusna, jeung boga dongengkeuneun, carita-carita nu henteu rea barudak kota mah ngalaman kahirupan kitu.
Rek balaka bae. Bareto mah kuring sok ngarasa era lamun aya nu nyahoeun, yen kuring urut santri pasantren. Sok dipungkir malah sakapeung mah. Beh dieu, beh dieu mah sok jadi agni malah, mun aya nu terangeun teh. Agul teh, pedah ngarasa boga pangalaman hirup nu aya leuwihna (atawa bedana) ti barudak-barudak kota nu lumrah.
Ari kanyaho tea mah da teu sabaraha nambahanana. Ngan dua taun atuh dina kituna mah. Sedeng rea nu welasan taun kapan ari mukim di pasantren teh.
Basa mimiti Walanda eleh ku Jepang, sakola-sakola teh ditutup. Barudak. ngalanggur cicing di imah.
Si Unung batur kuring sabangku di sakola, milu jeung lanceukna masantren di P. Ari balik ka lembur rame ngadongeng. Pokna, ngaji di pasantren mah leuwih gancang batan ngaji di Ajengan Enoh di lembur. (Jeung si Unung kuring babarengan ngaji deuih di Ajengan Enoh). Disamaraan sawareh bangunna ari dongengna mah.
Ti harita jorojoyna hate hayang masantren teh. Beuki keyeng karep kana masantren teh, sanggeus ngadengekeun tableg Ajengan Ma'mun basa Rajaban.
Cek Ajengan Ma'mun, "Ayeuna teh manusa paboro-boro ngudag kadunyaan, kawas nu moal maot. Padahal ari maot tea, teuing isuk teuing engke, taya nu terang. Geus boga naon urang keur bekel maot?... Para saderek, ari elmu teh eta cahya (Al 'ilmu nurun), jalma anu teu boga elmu, diibaratkeun alam nu poek mongkleng, kumarayap neangan tincakeun. Eta sababna pang neangan elmu teh wajib hukumna pikeun sakabeh nu mu'min. Tolabul 'ilmu faridotun ala kulli muslimin wa muslimatin..."
Tah ti harita kuring beuki keyengna kana masantren teh.
Ngucapkeun Alhamdulillahna oge moal kurang ti sapuluh kali indung kuring teh, basa kuring pok bebeja yen hayang masantren. Lain ka tatangga nu dareukeut wungkul, tapi meh ka jalma salembur, kolot kuring mopoyankeunana teh, yen kuring hayang masantren. Unggal kolot nu dibejaan pada ngarasa kabita. pada harayang anakna sing kawas kuring hayang masantren.
Poho deui, tanggal-tanggalna mah kuring mimiti masantren teh. Ngan nu moal poho teh, poena. Poe Rebo. Nu matak henteu poho, sabab meunang ngitung aki kuring. Yen lamun rek ngamimitian neangan elmu kudu poe Rebo. Poho deui naon alesanana mah, ngan pokona mah cenah poe panghadena pikeun ngamimitian tolab ilmu.
Teu kawas Yogaswara dina "Mantri Jero", nu indit masantren nyorangan bae, tapi kuring mah kawas nu rek ka Mekah. Atawa meureun kawas Purnama Alam rek masantren ka Gurangsarak. Diabringkeun. Ku dua paman ti gigir, duanana sarat kaum. Ku bapa, jeung ku aki. Diiring deuih ku mang Ihin jeung si Uha pangebon jeung anakna nu nanggung bekel jeung kikiriman keur Ajengan.
Enya, pohara dihormatna "rombongan" kuring ku Ajengan teh. Komo aki kuring mah, ari sababna Ajengan eta teh baheula dikawinkeun ku aki kuring.
Santri istimewa kuring mah. Da make ditanya, naha rek cicing di bumi Ajengan, atawa hayang dikobong.
Kuring milih hayang di kobong, maksud teh hayang loba batur, jeung era deuih ari di bumi Ajengan mah, sieun katara yen rada belet.
Di kobong oge dibere tempat nu ngeunah deuih. Teu jauh di luhur. Koper seng diteundeun tina jandela, pangsareanana dina siraheun.
Peutingan kahiji mah, make ngarasa keueung sakitu loba batur teh. Can warawuh bakuna mah. Jeung rada barese wawuh jeung santri mah deuih.
Nu sare handapeun kuring, bangun keur rada gering. Da teh ngagojod bae disimbut ku sarungna. Batur riab ditempo ka tajug oge, manehna mah ngagojod bae.
Bada Isa ku kuring dibere pingping hayam (bekel ti imah) leuh atoheunana. Komo barang dibere sanguna mah meunang nyewol tina timbel.
Nu sare kencaeun kuring, nenjo rupana oge bangun rada ceureumeuh budak teh. Hareupeun kuring ngahaja maca Sapinah ditarikkeun. Pikasebeleunana, pok teh nanya ka kuring ku basa Arab, pokna, "Man ismuka?" Marukanana kuring buta hurup pisan dina basa Arab. Padahal basa Arab sakitu-sakitu bae mah kuring ge geus diajar ti Ajengan Suganda. Barang kuring ngajawab sarta nyebut ngaran kuring, kakara rada henteu borongongong teuing manehna teh." "Bangun parantos ngaraos masantren?" cek nu sare handapeun kuring tea bari ngerekeb tulang hayam. "Ah acan", cek kuring.
Tah jeung maranehna kuring pangheulana wawuh teh.
Kahiji jeung si Atok nu sare handapeun tea, jeung kaduana si Aceng nu borongongong gigireun kuring. Nu nanya "Saha ngaran" ku basa Arab tea.
Basa ngaji mimiti, ku Ajengan kuring dikenalkeun. Saurna, "Barudak, ieu teh Den Anu, putrana juragan Anu, putuna juragan Hatib di B."
Tah, ti harita kuring mimiti hirup di pasantren teh.