KANG HAER
Kang Haer teh saumurna tara tinggal ti sarung. Saumurna tara katembong tuur. Dalah ari maen-bal oge kapan calanana teh nu sajeungkal handapeun tuur tea. Henteu kasep manehna teh. Tapi narik. Mun cek ayeuna mah meureun "simpatik" tea. Pakeanana salawasna beresih, da getol nyeuseuh. Pikeun kuring Kang Haer teh gede pisan jasana. Nepi ka kuring bisa nyusul babaturan nu geus ngaji ti heulaeun teh, saenyana mah jasa Kang Haer. Sok mere pangajaran tambahan. Duka kumaha, da ti barang jol papanggih bangun resepeun pisan ka kuring. Kitu deui kuring, Ujug-ujug ngajenan ka manehna. Sanajan pangartina sahandapeun Mang Udin, tapi kuring mah tatanya teh sok ka Kang Haer bae. Lamun ditanya kitu, bangun pohara bungahna manehna teh. Nerangkeunana sok bulak-balik nepi ka kuring ngarti pisan. Sanajan saterusna dina Lugoh (basa Arab) kuring jadi leuwih lancar ti manehna, tapi mimitina pisan mah ditungtun ku Kang Haer. Carana nungtun, nya eta Kang Haer ari nyarita ka kuring teh sok ku basa Arab bae. Basa Arab saderhana, tapi gede hartina dina ngalatih "muhawwaroh" (paguneman).
Kadenge keneh nepi ka ayeuna. Lamun kuring hudang isuk-isuk, gok papanggih jeung Kang Haer di golodog tajug. Pokna, "Sobahul choer, ya achi!" Atuh kuring ngajawab, "Sobahul choer!" (= wilujeng enjing). Mun kuring datang tas ti luar, kudu bae nanya, "Min aena, ya achi!" (= mulih ti mana), atuh mun rek indit, "Ila aena, ya achi!" (rek ka mana) jst.
Jalmana teu resep heureuy. Mun nenjo nu heureuy, ukur nyerengeh. Ngaran lengkepna Chaerudin. Cenah cek Kang Haer keneh, ari "choer" hartina hade, ari din agama. Jadi, agama nu hade.
Dina hiji janari tara-tara ti sasari, bada saur teh goloyoh Kang Haer kana tempat sare kuring. Pek lalangkarakan gigireun kuring.
"Ana perlu nasruka, (= pertulungan) ya achi!", pokna.
"Madza (naon), Kang?" cek kuring rada curinghak. Da kaciri bangun perlu pisan manehna teh.
"Bisa pangnepikeun warkati (surat kuring)?" cenah deui.
"Ila man (ka saha)?", cek kuring.
"Ilailia (ka manehna)," cek Kang Haer. "Man hia (saha manehna teh)?" kuring beuki panasaran
Gek Kang Haer diuk. Pokna deui, "Alam 'arifta (naha can nyaho)?".
"Lamina (acan)," cek kuring. Geus kitu Kang Haer nerangkeun, yen manehna keur kabungbulengan ku Nyi Juariah incu merebot tea. Ayeuna manehna rek nyuratan, supaya ditepikeun ku kuring.
Ah, cek pikir. Asa naon hesena nepikeun surat. Da wawuh pisan kuring ge ka awewe eta teh. Gancangna ku kuring disanggupan. Niat teh bada Asar rek bari ngalantung mikeun eta surat ka Nyi Juariah. Sakalian rek ngabuburit ka deukeut sawah Madhari. Lalajo nu langlayangan.
Tapi tas salat Asar teh asa lalungse naker. Teu puguh-puguh kuring kalah nitah deui ka Si Aceng, sangkan dipanganteurkeun eta surat. Jeung teu didingding kelir deuih, dibejakeun sabalakana bae yen eta surat teh ti Kang Haer.
Pohara teu ingetna, yen anu pohara resepna ka Nyi Juariah teh kapan Si Aceng. Manehna pisan malah nu ngalandi incu merebut, "Nyi Jamilah" oge. (Jamilah hartina geulis).
Sore isukna kuring ngahaja mawa Si Aceng, ulin ka imah merebot. Ari maksud mah sugan Nyi Juariah rek ngawalonan. Rada hese diajakanana Si Aceng teh. Pajarkeun teh lalungse, tadi beurang tas menerkeun cai di sawah Ajengan. Tapi ku kuring dipaksa.
Ti kajauhan katenjo Nyi Juariah keur ngalong dina jandela. Nenjo kuring jeung Si Aceng, manehna asup. Tapi teu lila nolol deui. Na atuh, barang kuring jeung Si Aceng geus deukeut, barang lung ngalungkeun keretas meunang ngajejewet.
Lep deui ngalelep. Teu perlu diilikan naon nu dijejewetna. Kuring geus surti, tangtu surat ti Kang Haer nu dianteurkeun ku Si Aceng kamari. Si Aceng mani pias. Cek kuring, keun bae tong jadi susah, da urang mah sakadar nganteurkeun.
Dasar keur budak atuh. Teu boga pikiran. Beja nu sakitu gorengna teh ku kuring ditepikeunana ka Kang Haer, memeh magrib. Atuh merenah pisan, mun basa buka teh Kang Haer katembong caman cemen pisan daharna.
Basa bada taraweh, tara-tara ti sasari Kang Haer teu milu tadarus di tajug.
Tapi aneh... bet ngaji di kobong. Nu matak nyaho ngaji teh, sabab kuring ninggalkeun nu tadarus balik ka pondok. Maksud teh rek dahar (deui). Da tadi basa keur buka dahar asa teu puguh. Kateuhak.
Ti lebah tangkal nangka geus kadenge ngajina Kang Haer. Lebah... "walakod hammat bihi, wa hammat biha laloa arroa burhana robbih..." Kuring rada heran, naha Kang Haer ngajina geus lebah dinya. Da ari tadarus mah, tetela kakara keur ngahanca surat "Al Maidah" Jauh tangeh kana surat keur dibaca "Yusuf." Demi ieu, kuring moal kapalingan, nu ku Kang Haer teh surat Yusuf. Lebah mimiti Siti Julaeha bogoh ka Nabi Yusuf. Terus maksa nepi ka ngudag-ngudag Nabi.
Tetela enya kabungbulenganana Kang Haer teh. Ari sababna santri mah lamun hayang dipikaasih ku awewe (biasana lamun tas ditampik), cenah kudu maca surat Yusuf sapuluh balik. Pek cai nu disanghareupan waktu ngaji dipake sibeungeut. Insya Allah bakal diudag-udag kawas diudag-udag Nabi Yusuf ku Siti Julaeha saperti nu didongengkeun dina Quran.
Isukna.
Carita ngeunaan isukna, mending urang caritakeun isuk bae.