AYA JURIG SISI BALONG

Jero dua taun kuring masantren, ngan harita kungsi kajadian ribut nu pohara mah. Demi nu jadi riributan, taya lian lantaran heureuy Si Usup jeung Si Umar. Disebut heureuy, da lain ieu mah, deukeut-deukeut kana "nguji" Si Usup jeung Si Umar teh ka Mang Udin "asisten" Ajengan anu pohara galakna.

Moal poho, kakara tanggal lima bulan Puasa harita teh. Nu matak moal poho teh da kuring oge kakara datang (deui) ti lembur. Ngadon puasa meunang opat poe di lembur, kalima poena balik deui ka pasantren.

Kungsi ku kuring dicaritakeun, yen ari bulan Puasa mah Ajengan sok ngawurukna teh bada lohor. Poe eta Ajengan henteu ngawuruk ngaji saperti biasa. Tapi ngadongeng perkara agungna bulan Puasa. "Ari bulan Puasa eta rajana bulan Assiyamu sayyidul asyhar," saurna. Ku agung-agungna, nepi ka Allah ta'ala nyangkalak sakabeh syetan sangkan henteu liar di alam dunya. Mangke dimana takbir Lebaran keur rame diucapkeun ku kaom muslimin, kakara eta syetan-syetan teh dileupaskeun deui ku Allah ta'ala. Dina bulan Puasa teh malaikat-malaikat ngahormat ku jalan nyambuangkeun wawangen di alam kubur. Kabeh siksa kubur dibebaskeun.

Ari Ajengan keur sasauran kitu Si Usup keur heureuy jeung Si Umar. Duka heureuy naon, da kuring mah di juru diuk teh. Nyarande ngarah babari nundutan.

Na atuh ari gantawang teh Si Usup jeung Si Umar dicarekan laklak dasar. Lain... lain ku Ajengan. Ku Mang Udin ieu mah nu kabeneran nangenan. Nepi ka Ajengan ku anjeun bangun reuwas ngadangu Mang Udin nyentak kitu teh. Tah, barang geus kitu mah, Ajengan oge jadi mengkol sasauranana teh kana nyarekan eta dua budak tea.

Ku kuring oge di kobong dinaha-naha Si Umar teh. Ari pokna, "Da demi Allah, ana mah henteu heureuy. Si Usup noel, mimitina mah nuduhkeun Mang Udin nu keur nundutan. Kabeneran, barang Si Usup seuri, barang Mang Udin beunta. Eta mah Mang Udinna nu pupujieun. Padahal manehna anu nundutan."

Duka, kuring ge teu terang kumaha babadamian Si Usup jeung Si Umar dina rek "males nyerina" mah. Katembong ari keur patingkucuwesna mah.

Sorena basa kuring keur ngabuburit ka deukeut sawah katembong Si Umar hareupeun imah Nyi Juariah. Nyi Juariah nolol tina jandela. Si Umar teuing nyaritakeun naon, da leungeunna pepeta. Nyi Juariah katembong gigideug. Kuring panasaran, api-api rek balik ngadeukeutan nu keur ngobrol. Handeueul, da kakara ge kuring tepi ka pipirna, Si Umar geus anggeus manten ngobrolna. Ngan kungsi kadenge omongan Nyi Juariah nu panungtungan,"... Tapi awas lamun kotor, jeung bada tadarus kudu dipulangkeun deui..." cenah.

Basa keur buka, taya kajadian nanaon. Tapi Mang Udin tetep goreng budi ka nu duaan. Atuh Si Usup jeung Si Umar henteu seuseurian kawas biasana ari keur buka deuih.

Bada taraweh kuring buru-buru balik ka kobong. Henteu milu tadarus, inget kana kolek sampeu beunang Si Atok. Batur taraweh, Si Atok mah ngolek sampeu di kobong.

Basa kolek geus rek beak, kadenge barudak tinggerendeng baralik tadarus. Atuh ribut marenta kolek.

Tah keur kitu — keur ribut dalahar kolek na atuh ari gorowok teh aya nu ngagorowok. Tetela aya nu gogorowokan. Kadenge aya nu lumpat di buruan, geus kitu gabrug aya nu nubruk panto. Bru... Mang Udin nangkuban ngahegak. Allahi robbi. Kapan biasana santri-santri mah, ari salat mah tara make calana da bisi kotor. Kitu deui mun ka tajug make sarung teh tara make calana di jerona. Kitu deui Mang Udin harita oge. Teu make calana. Bakat ku reuwas lumpat, sarungna morosot teuing ragrag di mana. Atuh basa nangkuban teh ngan make baju kampret wungkul. Hadena labuhna nangkuban, jadi henteu orat pisan.

Sanggeus pada nginuman, Mang Udin eling deui. Pokna, "ana keur leumpang sorangan, lebah handapeun tangkal kelewih sisi balong aya nu ngabelegbeg bodas. Tetela jurig, jurig... tetela pisan" pokna.

Umumna ari santri mah sok borangan. Da harita oge barang tamat Mang Udin nyarita, santri-santri tingrarengkol teh disarimbut. Malah loba nu teu wani sare sorangan dina tempatna. Milu jeung baturna kajeun pasedek-sedek. Kuring ge, mun teu inget Si Atok keur budug mah, kana nangkod ka Si Atok sare teh.

Geus sarimpe kadenge Si Usup jeung Si Umar daratang. Si Umar pindah sarena oge ka tempat Si Usup (teu jauh ti tempat kuring). Kuring ge curiga, barang ngadenge eta dua umat tingcikikik saleuseurian teh.

Aya kabeneran. Isukan, kuring keur aya di dapur bumi Ajengan, katenjo aya Si Umar jeung Si Usup ngadeuheusan ka Ajengan. Kadenge Si Umar nyarita, yen peuting tadi manehna tas nyingsieunan Mang Udin make mukena Nyi Juariah. Panjang nyaritana da make nyutat kasauran Ajengan sagala rupa, perkara sakabeh syetan jeung jurig dicangkalak tea dina bulan Puasa mah. Kadenge Ajengan nyakakak gumujeng.

Barang keur ngaji, Mang Udin kelak perkara aya jurig Na atuh ari gantawang teh Mang Udin dicarekan, "Udin... anta teh murid ana nu pangkolotna. Naha anta teu percaya, yen dina bulan Puasa mah moal aya jurig...?"

Panjang nyeuseulan Ajengan teh, malah make mamawa kana ajian sagala rupa.

Lamun Mang Udin keur euweuh, soal lulucon eta teh sok jadi bahan eak-eakan. Ku Si Atok saterusna Mang Udin teh dilandi "jurig teu dicalana". Teu galak teuing ti harita mah eta murid kadeuheus Ajengan teh.