NIAT

Dina pangajaran: Ma huwa anniyat? (naon ari niat?). Anniyatu huwa a'takidu... jeung saterusna, jeung saterusna.

Hartina, ari niat tea nya eta nekadkeun pikeun ngalakukeun hiji perkara

Terusna: wa talafudzu fiha (fihadzihinniyat) sunnatun — demi ngalisankeun eta niat, hukumna sunat.

Kitu cek ajaran. Sagala pagawean memeh prakna kudu make niat, sarta hadena pisan mah eta niat teh kudu dilisankeun. Tah eta pisan sababna, pang niat-niat dina keur wulu, salat jeung sabangsana sok digereyemkeun, tara cukup dina hate wungkul.

Demi niat tea, kakara jorojoy oge aya dina hate pikeun ngalakukeun hiji pagawean hade, geus aya ganjaranana. Tapi sabalikna, najan niatna geus digereyemkeun oge, ari pikeun ngalakukeun hal nu teu hade mah, can aya hukumanana, samemeh eta niat tea prak dilakukeun.

Cek ajaran keneh, dina badan urang teh aya dua malaikat. Hiji malaikat nu nuliskeun kagorengan, jeung hiji deui nu nuliskeun kahadean. Mun jorojoy aya niat hade dina hate, sok buru-buru malaikat tukang nyatet kahadean teh nulis. Tapi lamun aya jorojoy niat kagorengan mah, malaikat tukang nyatetkeun kagorengan teh tara buru-buru nyatet, tapi sok ngadagoan nepi ka niat goreng eta teh prak dijalankeun. Tah kitu adilna Pangeran ka manusa teh.

Tah soal niat eta teh ditapsirkeun deui ku Si Umar mah. Cenah, lamun ngalisankeun niat, hukumna sunat, sarta bakal meunang ganjaran, geus tangtu beuki tarik ngucapkeunana eta niat, bakal beuki gede ganjaranana. Kitu cek tapsiran Si Umar. Demi Si Umar tea, najan ngaranna sarua oge jeung "Al Chottob" sahabat Nabi (rodiallohu anhu) nu gagah rongkah. ari kalakuanana mah teu nurun ka sahabat.

Sok rajeun loba teuing heureuy nu kaleuwihan. Saperti ngaheureuykeun ajian. Contona dina maca Sapinah, biasa naker Si Umar mah sok ngaheureuykeunana teh: paslun — upas di alun-alun, nipas — nini di tepas, cenah. Ceuceuleuweungan kituna teh.

Nepi ka dina hiji poe mah kungsi disentak nu pohara ku Mang Udin. "Kufur anta!" cenah. Leuh, di pasantren mah kecap eta teh, jadi hiji kecap paragi nyarekan nu pangbangetna. Teu meunang diobral sambarangan.

Ku kituna tea mah, da kacida teuing Si Umar mah atuh. Keur taraweh asup ka kolong tajug. Mawa bulu hayam. Nu diburuna teh conggang deukeut tihang. Marukanana nu salat deukeut tihang teh si Atok. Pareng keur sujud, ku Si Umar digere liang hirungna. Atuh puguh, saha nu teu reuwas. Da ngagoak atuh Mang Udin nu keur sakitu husuna teh. Disangkana mah cucunguk asup kana irung meureun.

Da ebat kabeh oge nu keur salat teh. Ajengan pisan, curinghak memeh salimoleh.

Eta ngambekna Mang Udin. Da sabekbekeun Si Umar teh rek ditampiling. Eta bae kapan kecapna oge, "kufur anta!", cenah.

Demi Si Umarna, ukur balaham-belehem. Sakitu Mang Maap Udin ngambek teh, make wani manehna ngajawab:... Maap bae, ari sugan ana teh si Atok. Da basa keur magrib mah tadi, Si Atok nu salatna deukeut tihang teh".

Tah, ari ku tapsiran Si Umar mah, leuwih tarik ngucapkeun niat, eta leuwih alus. Nu matak Si Umar mah, ari ngucapkeun niat teh sok teu sirikna gogorowokan.

Da mun tas saur, kadenge ka mana-mana atuh: Nawaetu saomal godin", cenah. Malah sakapeung mah lain-lain acan "saomal", tapi sok "sambel godin" cenah. Kapan ari umumna mah. niat puasa teh cukup ku digereyemkeun bae lalaunan.

Lain dina niat puasa wungkul deuih ngagorowokna Si Umar teh. Dina sagala rupa. Niat wulu sok pangtarikna, usolli rek salat sok pangbedasna, malah niat mun rek "rut" oge sok digorowokkeun. Saenyana eta teh, lain bohong.

Ajengan oge kungsi rada bendu. Tapi benduna bangun bari nahan gumujeng. Harita teh Ajengan keur diiring ku santri-santri ningalian lauk di balong. Pedah bejana, lauk paraeh mabok cisabun, da sok dipake nyeuseuh. Ari dina balong nu lebak Si Umar bangunna mah rek nagog pisan. Na atuh ari gorowok teh, "... Niat kaula miceun ieu nu ngajadikeun nyeri beuteung..." Kuring mah teu kuat nahan seuri, Ajengan oge katangen beureum nahan gumujeng. Saurna, "Umar, la tal'ab binnijat" (ulah ngaheureuykeun niat) euy, lalaunan bae teu kudu gogorowokan matak kadenge ka mana-mendi. Jeung teu meunang babacaan deuleu, di "baetil chola" (pacilingan) mah".

Sakali mangsa mah rek der gelut jeung Si Sakim. Si Sakim keur leleyepan pisan rek sare. Tas cape tadarus kabagean meh satengah surat. Ari gorowok teh Si Umar ngucapkeun niat sare "... turu-turu aja lali, badan turu ati tanghi...". Da mani ngorejat deui Si Sakim teh. Marukan aya nanaon. Meujeuhna nepi ka rek der gelut oge. Da cacakan mun teu dipisah ku Si Usup, taksiran kana galungan. Si Sakim keukeuh nuding, yen Si Umar ngaheureuyan, ari Si Umar keukeuh teu rumasa heureuy, tapi keur ngucapkeun niat. Sedeng, ari ngucapkeun teh eta sunat. "Mun antum teu percaya yen eta sunat, antum kafirun...", kitu cek Si Umar, ka santri-santri nu marisah. Teu barisa kumaha sarerea oge ari dijawab kitu mah.

Mang Udin taksiran geus sare, nyaring ngadenge ribut kitu. Na ari kuniang teh hudang, bari ngagorowok, "Niat kaula nyabok Si Umar jeung Si Sakim, bongan ngaganggu ana keur sare..." Gampleng-gampleng Si Sakim jeung Si Umar dicabok sakali sewang. Goloyoh deui ka pangsareanana. Teu jiga-jiga tas nampiling.

Jep sakeudeung mah repeh. Tapi gorowok deui Si Umar ngagorowok, "... Niat kaula males nyabok ka Mang Udin, mangke mun kaula geus gede," cenah. Ger atuh kobong teh rame deui ku nu gogonjakan. Mang Udin nyerengeh bae bari disimbut.

Keur rame-rame heureuy, na ari gorowok teh Si Aceng gigireun kuring, "... Niat kaula poe isuk neke sirah Ajengan nu lenang..." Atuh ger sareuri. Tapi..."ehm... ehm..." di pipir sora nu ngadehem. Tetela, dehem Ajengan. Pus-pes cempor dipareuman. Tinggarojod disarimbut ku sarung. Sarerea sieun, boa geus ti tatadi Ajengan aya di pipir. Boa omongan Si Aceng kadangueun pisan. Kareret ku kuring Si aceng empes-empesan bangun pohara reuwasna.

Geus kajudi, naon bakal kajadian, basa isukna bada ngaji Ajengan miwarang santri-santri kumpul teh. Iwal si Aceng. Dititah indit manehna mah. Geus reuwas sarerea oge.

Sanggeus sarerea kumpul, pok Ajengan sasauran, "Barudak, antum oge nyaraho, yen peuting ana ngadenge omongan teu ngeunah ti Si Aceng. Cek Si Aceng, cenah niat poe isuk neke sirah ana nu lenang (euweuh nu wani seuri). Tah ayeuna, masrahkeun ka antum, hukuman naon nu kudu katarima ku Si Aceng.

Tah, di lebah dieu karasana pinterna Ajengan dina ngajar teh. Da ku ayana persoalan eta, ger jadi musawarah rame.

Nyang-nyeng-nyong ti ditu, ti dieu, nembongkeun hojah. Pangpangna mah santri-santri nu geus rada karolot. Umumna sapamanggih jeung Mang Udin, santri nu pangkadeuheusna ku Ajengan. Pamanggih Mang Udin, "... Ari timbangan ana mah Si Aceng teh geus kaleuwihan.

Merenah tur munasabah pisan, mun "hadzal walad" (budak eta) disina ninggalkeun pasantren..." Sarerea reuwas, sabab inget Mang Udin teh santri pangpinterna, jadi tangtu gede pangaruhna ka Ajengan. (Cek timbangan kuring, "pupujieun").

Najan kitu, kuring mah teu milu ngomong — sieun salah. Geus ti ditu, ti dieu, santri-santri nu geus karahot nyarita, sarta umumna, mupakat kana timbangna Mang Udin, naha atuh teu disangka-sangka ari gorolang teh Si Umar pidato, " Ajengan, bawiraos asa henteu leres, mun Si Aceng kedah dihukum". Kakara ge sakitu Si Umar ngomongna, sarerea curinghak. Malah pok Si Usup mah nambalang, "Ah, nyaho naon maneh mah!" Tapi saur Ajengan, "Repeh... repeh pek tuluykeun Umar!".

Si Umar, asa beuki gede hate, pok neruskeun pidatona, "Saur anta keneh, niat hade mah memeh prak oge dijalankeun, geus meunang ganjaran. Namung ari niat awon mah, memeh prak dijalankeun, can meunang naon-naon. Jadi mun teu kantos dijalankeun malah malah, taya hukumanana."

Tah, ayeuna pun Aceng gaduh niat awon, bade neke "rosuka" (mastaka kagungan). Nembe niat awon wungkul eta teh, teu acan prak. Sareng pasti moal dugi ka prak, margi ieu mah heureuy wungkul. Allah subhanaliu wa ta'ala, ngahampura ka manusa nu boga niat goreng lamun teu kungsi dilakukeun, atuh komo deui urang manusa..."

Na atuh, ari barakatak teh, Ajengan gumujeng. Bangun pohara kamanahna pikiran Si Umar teh. Saurna, "Teu nyana, teu nyana. Diantara kabeh santri ana, ngan bunayya (anaking) Umar nu pikiranana nepi ka dinya (Mang Udin mureleng ka Si Umar). Si Aceng dihampura ku ana, sabab kakara niat, tur eta niat teh ngan ukur heureuy"