IBU AJENGAN
Saur Ajengan, basa pasanggrok di jalan tea, Ibu Ajengan teh ayeuna mah geus rerempo. Geus satengah pikun, jeung teu damangan.
Kaharti ku kituna tea mah. Ari sababna, lain geus sepuh-sepuh teuing Ibu Ajengan teh, tapi da ti bareto oge teu pati sehat. Meus-meus teu damang, meus-meus teu damang.
Katurug-turug tangtuna oge kaleleban ku Nyi Halimah, putrana nu nunggal tea, nu geus mangtaun-taun teu aya beja-bejana acan.
Demi ka Nyi Halimah, najan bareto geus lanjang oge, da alah batan ka orok beureum atuh. Teu sirikna diaais lamun Nyi Halimah rada rieut meueusan oge.
Hiji-hijina Ibu Ajengan di pasantren kuring teh. Teu dua, teu tilu. Ngan eta-etana, indung Nyi Halimah eta. Maksud teh Ajengan teu kungsi ngawayuh, kawas umumna ajengan-ajengan di kampung.
Demi Ibu Ajengan, pohara nyaaheunana ka kuring teh. Eta meureun, pedah bejana kungsi kagungan putra lalaki (lanceukna Nyi Halimah), henteu panjang umurna. Cek beja, mun aya keneh teh, sapantar pisan jeung kuring. Maotna keur umur salapan taun, titeuleum di walungan. Keur biasa bae milu kokojayan jeung santri-santri. Kanyahoan-kanyahoan, geus nepi ka pondok, jen si Ujang putra Ajengan euweuh. Ditareang deui, ari kasampak geus teu nyawaan, nyangsang dina batu handapeun sasak gantung.
Duka teuing enya henteuna mah. Ngan cek Ibu Ajengan sarimbag jeung kuring "Kasep" (hm), cenah. Kitu cek "sakaol", pang Ibu Ajengan pohara nyaaheunana ka kuring teh.
Ari ceuk sakaol deui, cenah geus aya gerentesna hayang mulung minantu. Masya Allah, padahal harita kuring teh budak keneh naker.
Tapi ari nurutkeun timbangan kuring pribadi mah, taya lian iwal ti pedah kuring datang ka pasantren teh dianteurkeun ku kolot, saperti nu di hareup ku kuring baris dicaritakeun. Sedeng ngan kuring-kuringna nu masantren dianteurkeun ku teh. Demi Ajengan jeung ibu Ajengan beunang disebut kolot keun serabeun ku kolot kuring teh, pangpangna mah ku aki kuring.
Jadi kasarna mah meureun kuring di pasantren teh dianggap "pangmenakna". "Aden" disarebut ku sarerea oge.
Kungsi Ibu Ajengan teh mundut, sangkan kuring ulah nyangu sorangan. Kungsi meunang sababaraha bulan "indekos" di Ajengan kitu teh. Tapi sanggeus kuring nyobat jeung si Atok mah, sok nyangu sorangan. Kecapna wungkul saenyana mah nyangu sorangan teh, da ari saenyana mah dipangnyangukeun ku si Atok. Minangka muruhanana, si Atok daharna jadi tanggungan kuring.
Teu pati seueur saur, Ibu Ajengan teh. Tapi lamun geus ngagambreng tara beak ku dua poe. Geus aya dua tiluna santri nu balik lantaran dibenduan ku Ibu Ajengan.
Sok ngawuruk Ibu Ajengan oge. Ka barudak awewe nu ngaradon ngaji ka pasantren. Awewe urang kampung eta bae. Da euweuh ari pondok nu husus keur barudak awewe mah di pasantren teh.
Demi ngarajina mah ngahiji jeung santri-santri, ngan dihalangan ku reregan. Tempat ngaji barudak awewe disebutna pangwedonan. Haram lalaki asup ka dinya, iwal lamun pangwedonan teh keur kosong taya jalmaan.
Nyi Djuriah oge sok di dinya ngajina teh. Diukna matuh deukeut tihang, pangdeukeutna kana reregan. Malah sok kaciri ngelemeng tina reregan, cindung konengna.
Ibu Ajengan ngawurukna leuwih ayem batan Ajengan. Ari Ajengan mah sok sentak sengor. Demi nyentakna matak kadenge ka mana-mana. Ibu Ajengan mah tara sesentak. Ngan sok nyepret. Ku nyere. Nyaho soteh, pedah kuring sok rajeun noong tina reregan, mun kabeneran nu ngawuruk keur meleng.
Mun rengse ngawuruk, Ibu Ajengan sok ngagelendut ka barudak awewe teh. Kadenge keneh nepi ka ayeuna oge, kasauranana ini haku... "Awewe... mah kudu leuwih kandel tauhidna ka Pangeran. Ari sababna, lamun awewe kurang kandel tauhidna, mustahil boga turunan nu leket ibadah. Sabab dina hiji rumah tangga, indung nu pangdeukeutna ka budak teh. Lalaki mah ngan saliwat-saliwat". Bisa jadi, henteu ngaleunjeur kitu kecap-kecapna mah, tapi kitu lah maksud kasauran Ibu Ajengan nu baku teh. Beh dieu, remen kuring maca buku pangaweruh, teu beda meueus-meueus acan bahasan bab hubungan wanita jeung kulawarga mah, ti kasauran Ibu Ajengan nu baku tea.
Terus tienili saurna nu baku:... "Dawuhan Nabi, ari sawarga teh ayana dina dampal sampean indung. Sedeng ari indung teh kapan awewe". Ti dinya terus Ibu Ajengan teh ngadongengkeun mustika-mustika istri tina tardi Nabi. Saperti Siti Chodijah, Siti Aisyah, Siti Fatimah. Eusina piwuruk Ibu Ajengan ka barudak awewe lamun keur kitu, henteu leuwih cetek najan dibandingkeun jeung pidato-pidato pamingpin dina keur mieling pahlawan-pahlawan wanita. Maksud teh di kota. Sedeng kuring terang pisan, yen pidato-pidato pamingpin di kota mah meunang maca tina buku, sedeng ari piwuruk Ibu Ajengan mah umumna nu jorojoy tina sanubarina pribadi.
Ka nu geus baroga salaki, biasa naker Ibu Ajengan teh, "Yeuh, mangka aringet, kawajiban awewe teh kudu sumujud ka salaki. Joledar ka nu jadi salaki, hukumna sarua jeung joledar ka indung-bapa. Doraka dunya aherat. Jaga teh di naraka waelul moal di mana deui tempatna nu kitu mah."
Bayuhyuh Ibu Ajengan teh. Tapi najan geus rada sepuh katembong ngelemeng tegepna keur anom. Ku kituna tea mah, teu kudu jauh-jauh. Tempo bae Nyi Halimah, kapan sakitu mencenitna. Sedeng cek urang kampung eta, Nyi Halimah teh teu dipiceun sasieur jiga Ibu Ajengan keur anom.
Basa ieu carita keur dijieun, Ibu Ajengan teh geus pupus. Di Rumah sakit bejana pupusna oge, Kaserang panyakit jantung.
Robbana, mugi ditampi iman Islamna, mugi dicaangkeun kuburna.