AL KADZIB

Bangun leuwih ti sapuluh balikan macana surat Yusuf teh. Jeung bangun husu deuih. Najan sarerea pada ngarti, naon sababna pang Kang Haer maca surat Yusuf, tapi taya nu wani ngaheureuykeun. Disebut pada ngarti teh, lain ngarti kana kajadian surat tea, tapi ngarti yen pang ngaji teh tangtu Kang Haer boga maksud anu tangtu. Da geus umum atuh di pondok mah. Lamun lalaki keur kabungbulengan, sok maca surat Yusuf cenah, mun awewe sok maca surat Maryam. Mun hayang pinter — mun nyanghareupan "ujian" sok maca surat 'Lukman. Geus jadi kabiasaan. Sanajan Ajengan geus ngalarang banget oge. Cek Ajengan, murtad hukumna jalma anu ngagunakeun ayat-ayat Quran pikeun kauntungan duniawi.

Ngadenge Kang Haer ngaji, Si Aceng nu sarena handapeun pangsarean kuring, guling gasahan bangun taya pitunduheun. "Limadza (ku naon), Ceng?" cek kuring barí nempo ka handap.

"Asa dosa ana mah, jawabna barí ku giler panonna nuduhkeun Kang Haer nu keur ngadekul ngaji.

"Ah naha make ngarasa dosa?" cek kuring. Kapegat paguneman teh. Lantaran Si Atok ngagoloyoh ka tempat sarena.

Aya kabeneran. Isukna kuring ngaliwat ka imah merebot. Estu kabeneran. Maksud teh teu ngahaja-haja. Da maksud mah rek nguseup di susukan tukangeun warung Imi. Lain pedah resep nguseup, ieu mah lantaran eweuh gawe bae. Itung-itung ngabuburit.

Ngaliwat ka hareupeun imah Mang Ahya merebot tea. Keur ngayuman heurap di tepasna. Gek kuring diuk nyarande kana tihang. Inget keneh. Palupuhna herang, mani jiga meunang ngaminyakan. Gero Mang Ahya ngageroan incuna, nitah nyokot samak. Najan kuring kekepehan nyaram disamakan, tapi Nyi Juariah keukeuh nyodorkeun samak pandan. Geus rarawing tungtungna.

Bakat ku keukeuh, ditampa ditampana mah ku kuring samak teh, tapi henteu diamparkeun. Didiukkan lipetanana bae. Mang Ahya ngajak ngobrol bari neruskeun hancana.

Sabot kitu, torojol aya budak titahan Mang Ulis Jakat. Cenah Mang Ahya disaur ka bumina. Bangun wegah manehna nangtung, leos indit.

"Dikantun heula, atuh Den, ku emang", pokna ka kuring. Gorowok ka incuna, "Juariah, cing gentenan sakeudeung ieu hanca, rek dipake engke bada Asar. Kade sing bener ngayuman teh, ulah sakarep-karep bae. Tah kukuhna deuih tah loba nu geus baruntung. Da eta maneh mah ari dititah ngalaan kukuh teh sok tara sabaran."

Leos Mang Ahya indit, goloyoh Nyi Juariah kana tempat Mang Ahya, rek nuluykeun hanca akina. Ditenjokeun bae ku kuring. Kuruwal kuruwel, kuruwal-kuruwel — enya bae bisaeun ngayuman. Ramo-ramona pohara gancangna ka luhur ka handap. Bangun leuwih tapis ti akina. Bajuna beureum tetela beunang nyelep. Da enggeus teu rata warnana. Cidungna hejo, ieu oge beunang nyelep deuih. Lebah anu "napak" kana gelungna geus maralongo. Ku geget bangunna mah. Saperti nu ku kuring kungsi di dongengkeun, di kampung eta mah Nyi Juriah teh kaasup mencrang. Malah mun teu salah, kungsi aya gerentes, yen manehna ku Ajengan rek di jieun indung tere Nyi Halimah.

"Punten bae, kamari ana nyosoeh serat payuneun anta, pokna bari jongjon digawe.

"Ah teu nanaon, ngan eta bae karunya ka nu ngirimna," cek kuring.

"Ah karunya ku naon, ka budak japilus kitu?" pokna deui.

"Na, da cek kuring mah asa henteu japilus. Sakitu bageurna."

"Ah anta mah," cenah deui. Budak sakitu rehena, jeung bejana ngajina oge melencing pisan.

Curinghak kuring oge ngadenge omongan kitu mah.

"Lailaha illallah, Juariah! Cek saha melencing? Yeuh uchti (dulur),... di sapondok ieu taya deui nu leuwih suhud ngaji batan manehna."

Bangun heran manehna oge ngadenge jawaban kuring kitu. Pok deui nanya.

"Ke... ke saha tea ieu teh?" cenah.

"Enya nu nyuratan ka anti kamari" cek kuring. "Na'ani (sumuhun), lakin... ayyu walad? (tapi budak nu mana?)" Nyi Juariah semu beuki panasaran.

"Enya, Kang Haer. Cek saha Kang Haer ngajina melencing? walon kuring. "Naha... naha... da nu nyeratan ka ana mah sanes Kang Haer, tapi Si Aceng". Nyi Juariah beuki asa-asa.

"Enya Si Aceng nu nganteurkeunana mah, tapi suratna ti Kang Haer. Mani ngarenjag Nyi Juariah ngadenge kuring eta, pokna.

"Wallahi... sanes, sanes ti Kang Haer, sidik ieu mah ti Si Aceng. Geura... leos manehna ka jero. Ti jero imah mawa kertas beunang nyoehkeun sacewir.

"Tah geura tandana oge, hadena ku ana disimpen dina palang dada."

Ari ditenjo ku kuring, enya bae tanda Si Aceng eta mah. Tetela moal salah, tanda Si Aceng. Ku aksara Arab tandana oge Si Aceng mah. Ngan tilu aksara, sod-lam-he (da Soleh ngaranna mah, nenehna di Aceng-Aceng).

Karunya ka Kang Haer. Ku kuring diterangkeun ka Nyi Juariah, kumaha "dudukna perkara". Perkara Kang Haer mihape ka kuring, kuring nitah Si Aceng. Ari horeng, Si Aceng teh lain mikeun surat ti Kang Haer, tapi surat ti manehna sorangan.

Geus pamali. Moal dibejakeun kumaha terusna lalakon Kang Haer jeung Nyi Juariahna mah. Dari ari pokona mah, "Happy end" (alus tungtungna).

Nu rek dicaritakeun teh ngan ukur,. Najan ku kuring sorangan soal Si Aceng teh pohara dirasiahkeunanan, tapi teu soal burung pada nyaho sapondok. Tah ti harita Si Aceng pada ngalandi "Al Kadzib" teh. Hartina "nu ngabohong".