PASANTREN

Kuring kungsi masantren. Kuring kungsi sakola luhur. Jadi mun nyoba ngabandingkeun studi (diajar) di pasantren jeung di "sakola tinggi" nu dijieun cekelan teh pangalaman.

Dina lebah studina, pasantren jeung sakola luhur (memeh aya studi terpingpin) teh hakekatna mah sarua. Malah ari di pasantren mah aya onjoyna. Kahiji euweuhna sistim ujian, jeung kaduana geus dipraktekkeunana "pilot proyek". Henteu kabeh pasantren kitu, ngan kabeneran kitu ari pasantren kuring mah.

Santri-santri teh teu dipaksa dina diajarna. Nurutkeun kahayangna sorangan. Kitu deui dina nambahanana ajian, henteu ngaliwatan heula samen, tapi gumantung kana kabisana ki santri. Gorengna sistim ieu teh, nya eta santri nu ngedul mah mangtaun-taun teu beubeunangan. Aya nu masantren geus tilu taun can tamat kur'an sabalik-balik acan. Sapinah ge can ngamimitian maca tengahna. Kawas si Atok contona mah.

Nu disebut "pilot proyek", nya eta para santri teh dialajar ngebon, melak lauk atawa nyawah. Enya ari enyana mah, lebah dieu Ajengan nu untung. Da balong, kebon jeung sawah Ajengan nu diurusna mah. Tapi da pokona mah jadi barisa, jeung mun nguntungkeun Ajengan, atuh itung-itung mayar ngaji ka anjeunna. Da teu mayar atuh masantren mah. Eta sababna pang lamun santri balik masantren, sahan ti dilemburna barisa jadi guru ngaji jeung barisa tani deuih. Dina lebah kang Usman mah, da hese neanganana jalma nu bisa mijahkeun kawas manehna. Ajengan Maijuki pisan nu boga balong sababaraha hiji dina rek mijahkeun lauk emas mah, sok menta tulung ka Kang Usman. Ari Kang Usman diajarna mijahkeun teh, di balong Ajengan. Da ari di lemburna mah teu kungsi bisa mijahkeun teh. Urang Cijulang kitu. Di mana di sisi laut aya mijahkeun.

Teuing sabaraha bau legana pasantren teh, cek bejana tanahna tanah wakap ti lurah hormat. Pondokna cukup gede, ngan hese ari kudu nyebutkeun sabaraha kali sabaraha meterna mah. Kitu bae lah, eusina aya kurang leuwih genep puluh santri. Henteu pasedek-sedek teuing eta teh. Kitu lah, sajalma boga lahan kira-kira 1,5 x 2 meter. Dua umpak tempat sare teh. Kitu umumna kabeh pondok oge.

Teu jauh di pondok aya tajug. Saenyana gede teuing disebut tajug mah, tapi lembut teuing mun disebut masjid. Ngan nu pasti, bisa asup leuwih ti tujuh puluh jalma. Mun Jumaahan, salian ti santri teh jeung urang kampung deuih sok milu berjamaah di dinya.

Tajug teh nyanghareupan balong. Atawa leuwih keuna mun disebut kulah. Paranti wudu jeung ngumbah suku nu rek ka tajug. Lebakeun tajug aya balong make pancuran. Paragi santri-santri marandi. Ari tonggoheun tajug, bumi Ajengan. Gigireun, jeung tukangeunana aya balong deuih. Sarua make pancuran. Ari balong paragi nyeuseuh ayana rada beh kulon, deukeut jalan ronda.

Jalan ronda eta, minangka watesna lelewek pasantren jeung lembur teh. Sisi jalan eta deuih peuntas beh ditu ayana warung Imi oge. Tempat santri-santri karumpul memeh jeung bada magrib. Lain ruang-riung tanpa maksud. Lain rek ngaradon ngopi wungkul deuih. Gegedena mah ngahelaran Nyi Juariah. Da teu jauh imahna ti dinya. "Si Jamilah" (Si Geulis) disebutna Nyi Juariah ku santri-santri teh. Incu merebot.

Pikun ngagambarkeun, yen teu jauh ti dinya ka pondok teh kawasna cukup mun ku kuring dicaritakeun, yen boh nu adan boh nu munajat di tajug, sok tetela nepi ka kecap -kecap na ti warung Imi teh.

Nu matak tiblat ka pasantren teh, eta ari memeh Isa. Milu ngariung di warng Imi. Hawar-hawar tapi tetela kecap-kecap na angin-anginan nu munajat di tajug. Komo mun nu munajatna Si Usup nu kawentar ngeunah sorana. Leutik tapi beuneur. Atuh nu "ngalokanana" surup, henteu sumbang atawa recol.

Innallaha wamalaikatahu jusolluna ala nabiyyi ya ayyuhalladzina amanuuu... jst... jst

Da mani asa nyerep kana ati sanubari. Sok jarempe nu keur ngarobrol oge ari ngadenge Si Usup nu munajat mah.

Atawa deuih, lamun pareng Si Usup adan subuh. Bangun istimewa dingeunah-ngeunahna. Da nu kebluk oge sok ngorejat ari ngadenge Si Usup adan subuh mah. Gek diuk, anteb ngabandungan adan, nembalan dina madakeun unggal-unggal padalisan.

hayya alassolah (hayu urang saralat) hay y a alalfalah (hayu urang ngudag kauntungan) assolatu choerum minannaom... (ari salat eta leuwih alus batan sare...), jst... jst. Sora nu beuneur gelak-gelik, kabawa ku hiliwirna angin subuh.

Leuwih ngahudang rasa batan sora gelikna tarompet ngahudangkeun tentara, mun pajar geus ngalangkang di beulah Wetan.

Buru-buru santri-santri teh tingkaruniang harudang. Ka kulah ngadon wulu. Santri-santri ngedul kukuliatan keneh, tapi mun geus kadenge komat mah tara talangke sok buru-buru hudang. Pangpangna mah sieuneun kanyahoan ku Mang Udin yen teu milu berjamaah Subuh. Sok dikelakkeun ka Ajengan, jeung rereana mah geus pada insap, yen leuwih gede pahalana salat barjamaah batan nyorangan, komo di lebah jalma nu bisa ngadenge adan ti tempat berjamaah mah.

Ajengan Muhamad Abdul Sukur mah (Ajengan guru kuring), saenyana ngan ukur nuluykeun hanca mertuana. Da ari nu mimiti ngadegkeun pondok mah mertuana, ramana ibu Ajengan, akina Nyi Halimah, nu mashur di kampung eta mah Ajengan Haji Bajuri.

Pupus di Mekah. Basa ngadua-kalian munggah haji. Ninggalkeun putra dua. Hiji indungna Nyi Halimah, hiji deui Ajengan Muhamad Kadir nu nyekel pasantren Cijahe.

Hanjakal basa kuring geus sawawa, eta pasantren teh geus tinggal urutna. Mun teu kitu, kuring hayang ngalongok, malah rek ngadon ngendong dua tilu peuting mah, itung-itung rek nyeuseuh diri sanggeus jero hirup loba pisan nyieun dosa.