ELMU AJUG
Ceuk Ajengan, "Boga elmu sakeprul, tapi digunakeun, eta leuwih gede hartina, batan boga elmu sagunung tapi henteu digunakeun".
Ceuk Ajengan keneh, "Al ilmu bila 'amalin, kasyajari bila tsamarin elmu anu henteu diamalkeun, ibarat tangkal nu teu buahan. Tujuannana lain hayang antum (maraneh) boga elmu ngunung-ngunung, tapi henteu digunakeun, tapi hayang teh antum jadi jalma nu bisa ngamalkeun elmu. Soal saeutik atawa reana elmu, eta mah masalah engke".
Papatah Ajengan nu eta, nepi ka ayeuna kuring teu poho. Ari sababna, da meh unggal poe soal eta dipapatahkeunana ku Ajengan. Malah di luhureun lawang tajug oge, "al ilmu bila 'amalin... " teh jadi lapad ngajeblag. Nya alus nya gede, beunang ngareka Mang Udin jeung Kang Haer. Santri nu tulisan Arabna pangaralusna.
Saterusna Ajengan teh sok mesek gorengna "elmu ajug". Ari nu disebut elmu ajug teh nya eta, mere elmu ka batur (mapatahan), tapi manehna sorangan henteu ngamalkeun. Jadi teu beda jeung ajug. Ari ka nu anggang nyaangan, tapi handapeun manehna sorangan poek.
Tah soal gorengna elmu ajug teh, harita keur dibahas ku Ustad Hasim. Bulan Puasa, bada Jumaah.
Da ari bulan Puasa, mah, unggal Jumaah Ajengan teh sok ngayakeun "ceramah" (tableg). Nu ceramahna giliran, diantara para santri nu geus laluhur ngajina. Saperti Mang Udin, Kang Haer, Kang Usman, Mang Ikin, jeung nu sejenna.
Malah Mang Ulis Desa oge, nu sok milu ngaji di pondok, sok rajeun kagiliran kudu nyarita.
Tah ari Jumaah harita, nu kapeto kudu nyarita teh Kang Uman jeung Ustad Hasim. Ari Mang Hasim disebut "ustad" teh pedah salian ti ngaji di pondok, jeung jadi guru madrasah deuih. Madrasah nu Ajengan keneh, nya "dikapalaan" ku Mang Hasim.
Teu perlu dicaritakeun ari tableg Kang Usman mah. Nu rek didongengkeun mah ngan tableg Ustad Hasim bae wungkul, nu barita ngabahas bab elmu ajug, jeung rasiahna puasa.
Beres ari nyaritana mah, bener eusina, merenah entep seureuhna, Leubeut purwakanti mamanis basana. Nu ditiru, kawasna bae Ajengan Satibi, nu geus kumashur pangnonjolna ti antara para Ajengan dina tableg mah. Dipapaes ku dalil-dalil Quran, direumbeuy ku hadis-hadis Nabi kitu tah. Ustad Hasim oge.
Cek Ustad Hasim dina tablegna harita, "Memeh prak mapatahan ka batur, paluruh heula diri pribadi masing taliti. Talek heula awak sorangan, naha geus bisa, sarta osok ngamalkeun sagala, nu dipapatahkeun ka batur? Lamun jawaban hate, acan, poma ulah wani-wani mapatahkeun. Nu kitu nu disebut elmu ajug teh, nu mapatahkeun hal nu ku dirina pribadi henteu diamalkeun (Nanya ka hadirin), "aena mahalluhu" di mana pitempateunana) jaga di alam baka?"
Dijawab ku santri-santri saur manuk, "... finnari jahannam (di naraka jahannam)".
Sanggeus kitu, derekdek Ustad Hasim nyaritakeun hikmahna Puasa. Geus apal pisan bangunna mah, da sakitu lancarna.
Pokna, "Naon atuh ari maksud Puasa teh? Taya lian sangkan manusia sarieun ku Pangeran - la'allakum tattakun. Jalma nu puasa gancang pisan nyahona kana kalemahan dirina pribadi. Nu ngaku dirina gagah perkasa teh, geuning ripuh ku teu dahar beurang oge. Jeung nambahan kawelas jeung kaasih ka pakir miskin. Da nyeri geuning ari rasana lapar teh.
Ku puasa urang bisa wawuh ka diri pribadi. Mun geus wawuh ka diri pribadi geus tangtu urang wawuh ka Nu Ngadamel urang. Sarta jalma nu geus wawuh ka nu Ngadamel, tangtu eta jalma teh ngarasa bodo balilu. Beuki sieun manehna ku Pangeran Rajana Alam Sakabeh".
"Para saderek", kitu tuluyna. "Mangkade ari puasa teh hartina nahan napsu. Jeung nahan napsu teh henteu ngan ukur diwatesan ku bijilna pajar jeung surupna panonpoe, tapi gembleng jero sabulan kudu hirup ngalatih diri. Ngalatih perang jeung Syetan nu dila'nat ku Pangeran. Lamun beurang kudu kuat nahan lapar jeung halabhab. Peutingna atuh kudu merangan tunduh. "Naomuka" (sare anjeun) kudu diganti ku ngalobakeun tobat jeung tafakkur.
Kumaha ari urang? Ari beurang ngadon nyegrek sare tibra ngabrang-brangkeun lapar, mun dur magrib neteg beuteung sateuasna. Kadaharan di aya-ayakeun. Tungtungna teu beda meueus-meueus acan jeung mindahkeun waktu dahar. Ti beurang, ka bada magrib. Malah tampolana bahruteng dapur beuki nambahan ti lain bulan puasa. Dahar tuda sahabekna. Sanggeus dahar gulang-guling kamerekaan. Sedeng tiap dahareun lamun didahar matak jadi panyakit eta haram hukumna. Mun dahar nepi ka kamerekaan, eta haram bukumna.
Enggeus dahar, kumaha bisana los ka tajug rek taraweh? Cengkat ge beurat ku beuteung".
Saperti biasa tablegna teh ditungtungan ku pangajak ka hadirin. sangkan bisa leumpang jalan dina nu ngabulungbung kana ni'mat Pangeran, sarta supaya bisa puasa dina harti nu teh sok dibarung ku gerendengna saenyana. Ucapan ahir kitu nu ngabandungan ku ucapan amin... amin... tanda yen nyakseni kana naon nu diucapkeun.
Sanggeus tableg bubar, kuring jangji dina hate, yen rek sakumaha nu dipapatahkeun ku Ustad Hasim. Sangkan ngajalankeun hikmahna puasa gembleng bisa kapetikna.
Nu matak "geus mupakat jeung Si Atok, sangkan buka teh ulah sagala diaya-ayakeun engke mah. Cukup ku liwet haneut, lauk asin, (peda nu diasupkeun kana liwet keur ngagolak) sambel, geus bae. Minangka coel sambelna meuli bonteng ka warung Imi.
Tapi da kumaha atuh.
Ari keur lapar mah, najan liwet "polos" oge, maksud teh liwet teu disalaman, teu diserehan, teu weleh ni'mat. Teu weleh ngalimed. Geura bae, liwet sakastrol, peda dua, bonteng opat jeung sambel satengah cowet teh, beresih ku duaan jeung si Atok. Ari polah dahar tea, mimitina mah sila, terus emok, geus cangkeul emok kana sila tutug, geus cangkeul, bari sidengdang. Ngabarak dahar teh, tapi tara silih pentaan. Estu sewang-sewangan bae.
Waas ari tas dahar bae tinggoledag kawas soldadu mabok arak.
Rek jung pisan indit taraweh harita teh. Jol pamajikan Ustad Hasim haruhah-harehoh. Pokna nginjeum minyak kayu putih, sabab Ustad gering ngadadak. "Na da tadi mah teu kua-kieu?" cek kuring. "Nya eta puguh, bieu pisan tas buka", walon pamajikan Ustad teh.
Buru-buru kuring ge milu bareng jeung nu nyusulan tea, diiringkeun ku Si Atok mawa kayu putih.
Barang jol, enya bae, Ustad Hasim ngalempreh, beungeutna sepa. Utah ngabayabah dina, palupuh.
Orolo deui utah, najan geus dikayuputihan oge. Kuring mah teg bae, tangtu Ustad Hasim dahar racun ieu teh.
Barang kitu lain, kieu lain, kakara sarerea geumpeur. Buru-buru kuring jeung Si Atok indit. Maksud teh rek nyusulan mantri Kilinik. Kasampak Juragan Mantri teh keur nangkarak bengkang bari ngusapan beuteung dina korsi panjang.
Tapi teu talangke ari dipentaan tulung mah.
Teuing kungsi disuntik, teuing henteu harita Ustad Hasim ku Juragan Mantri Kilinik teh. Geus poho deui.
Mulihna Juragan Mantri teh diiringkeun ku kuring jeung Si Atok. Kuring ngajingjing tasna, Si Atok mawa obor, da bisi aya oray.
"Kasawat naon Ustad teh Juragan?" cek kuring panasaran.
Memeh ngajawab teh Juragan Mantri katembong imut, "Kamerekaan geuning Ustad teh..." walonna.