HUTANG

Basa Nabi Muhammad mayunan sakaratilmaut, anjeunna kungsi mariksa ka para sahabat, boh bisi anjeunna kagungan sambetan. Dawuhanana: "Memeh maot kula hayang mayaran heula hutang, sabab geus di acherat mah moal aya kasempetan pikeun mayar hutang." Harita kungsi aya hiji sahabat anu nangtung, sarta ngunjukkeun, yen anjeunna kagungan sambetan tilu dirham. Harita keneh ku Nabi dibayar. Kitu cek dongeng ajengan dina pangajaran tarich. Tah lalakon Nabi dina sakaratilmaut teh dijalankeun ku Si Usup, basa... cek sareatna... keur nyanghareupan malakalmaut.

Geus nincak ka dalapan poe geringna Si Usup teh cek Juragan Mantri kilinik mah, henteu payah-payah teuing. Ukur malaria biasa. Tapi duka Juragan kilinik nu salah, duka Si Usup nu cengeng, da ari nilik nu geringna mah bet kacida ripuhna. Ngalempreh teu usik teu malik. Eta bae da salat oge geus ku giler panon wungkul, bari katenjo kunyemna. Sarena geus dipindahkeun ka nu rada nenggang. Atuh saban peuting sok diriung-riung dipangajikeun Yasin. Da kitu kahayangna. Jeung da nepi ka ayeuna oge kuring mah kitu. Mun keur gering dipangmacakeun Yasin teh sok asa reugreug. Sok asa "ludeung" mun kudu maot teh. Ajengan ku anjeun geus sababaraha peuting sok ngadoa hareupeun nu gering. Atuh di kobong geus tara recok. Keueung, asa sahos-hoseun pisan tuda Si Usup harita teh. Ngomongna geus haharewosan, geus haroshos sorana oge malah.

Beuki reuwas sarerea oge, basa dina hiji peuting bada Isa sarerea keur ngariung. Si Usup awakna nyebret panas. Ku kuring tarangna dikompres ku cai haneut make jeruk mipis jeung bawang. Beunang ngahaja mangnyieunkeun Nyi Halimah tadi memeh magrib. Ajengan lungsur ti tajug teh ka kobong heula ngalayad nu gering.

Tah ari geus ngariung kitu, Si Usup maksakeun diuk. Sanajan ku Ajengan dihulag oge, manehna keukeuh maksakeun maneh. Nyanda kana bantal nu geus lepet. Sanggeus manehna ngusap beungeut tilu kali jeung ngucapkeun "lahaola walakuwwata..." pek manehna ngomong: "Ajengan, ana hayang disaksian, bada naros ka ichwani (dulur-dulur kuring), bok bisi aya nu ngarasa ngahutangkeun. Bok bisi ana boga hutang..."

Saur Ajengan: "Tah geus kadarenge ku antum pakarepan Si Usup teh. Cing dipenta karena Allahna sangkan antum nyarita bisi Si Usup boga keneh hutang anu can dibayar. Sarta samemeh antum, rek ana heula nyarita. Usup, anta boga hutang ka ana urut bulan tukang meuli samak reana lima talen. Sarta ayeuna eta duit nu sakitu teh ku ana diridokeun pisan. Ku ana dibikeun mutlak ka anta. Muga Allah ta'ala nyaksian."

Ari Si Usup teh di pasantren mah kawentar panglobana hutang. Dalah ka warung Imi oge bejana masih keneh boga hutang kana saringgitna.

Sanggeus Ajengan sasauran kitu, pok Si Umar: "Ka ana oge gaduh hutang genep welas ketip, urut meuli kopeah. Tapi ku ana wengi ieu diridokeun pisan, sarta dianggap parantos lunas." "Mugi Allah ta'ala nyaksian," saur Ajengan. Atuh nu sejen pada ngagerendeng nyarebut amin. Geus kitu mah puk-pok. Mang Udin, Kang Haer, Si Ibro, Kang Hasim pada nyaritakeun, yen Si Usup boga keneh hutang. Sarta sarerea ngaridokeun sarta dianggap yen hutang-hutang Si Usup teh geus lunas. Ka kuring sorangan mun teu salah, Si Usup teh boga keneh hutang tujuh talen urut meuli buku Nahwu. Kuring nalangan, geus dua bulan can ngagantian keneh. Nu saperak hutangna teh ku kuring diridokeun, ari nu tilu talen deui ku kuring dipake mayar hutang Si Atok ka Si Usup. Da Si Atok noel, sarta ngaharewos, yen manehna mah ka Si Usup teh lain ngahutangkeun, tapi boga hutang, cenah tilu bulan katukang Si Usup kungsi ngajual baju kampret ka Si Atok sawelas ketip, kakara dibayar tilu ketip lima sen. Kuring leukeun ngitung dina hate. Hutang Si Usup teh jumlah-jamleh aya tujuh perak dua ketip jeung ka warung Imi. Kabeh geus diridokeun.

Sanggeus taya deui nu nyarita, Ajengan sasauran deui: "Tah, geus kadenge ku anta ya bunayya (he anaking), yen kabeh hutang-hutang anta geus punah. Pek sing jongjon tobat pikeun mayar hutang-hutang anta ka Allahu Akbar.

Geus kitu mah dug deui Si Usup ngedeng. Reup peureum. Ajengan miwarang kuring sangkan nyusulan deui mantri klinik. Atuh leos kuring indit kadua Si Atok.

Rada heran sarerea oge, basa Juragan kilinik mariksa Si Usup. Ari pek teh menta sabun cenah. Ku kuring diasongan. Geus kitu menta peso. Pek sabun teh "dirautan" Nepi ka tinggal sagede curuk. Sarerea teu wani naya.

Pohara ngagebegna barang ku Jurangan Mantri Si Usup dititah hudang. Geus kitu semu disangkeh (dibantuan ku Si Umar) dibawa ka luar. Bari taya nu ngomong sarerea naluturkeun. Tapi barang nepi kana panto. Juragan kilinik mere isarah, sangkan santri-santri tong milu ka luar. Ngan kuring pedah mawa damar. Heran, rek dibawa ka mana Si Usup teh.

Naha atuh dibawana teh bet ka balong. Nu gering teh dititah nagog dina bagbagan, geus kitu Juragan klinik ngagunakeun sabun nu meunang ngaraut tea.

Na atuh... ari burusut, ari rob bae lauk muru ka handapeun nu nagog.

Sanggeus lauk-lauk taya deui hakaneunana, kakara Si Usup dititah beberesih dina pancuran, terus ditungtun deui ka kobong "Cageur geura isuk oge," cek Juragan Mantri teh. "Longsong geura ari geus ka luar mah."

Allahu Akbar. Enya bae isukna oge Si Usup teh katembong cageur. Malah geus menta dahar. Heuleut dua poe ti harita manehna geus bisa leuleumpangan deui.

Kungsi Si Umar mah ngadep ka Ajengan, rek nguruskeun perkara hutang Si Usup teh. Tapi Ajengan kalahka nyentak: "Kapan geus diridokeun kabeh oge..."

"Ari sugan, da rek modar Si Usup teh. Nyaho-nyaho moal modar mah, moal teuing make diridokeun..." pokna gegelendeng. "Ah... engke deui mun ana ngarasa rimbil ku hutang. rek gegeringan bae..." cek Si Ibro. Demi nu teu ngomong tapi katembong pohara handeueulna ku cageurna deui Si Usup teh nya eta Mang Udin. Demi manehna teh kapan pohara koretna. Ari ieu, salian ti ngabebaskeun hutang teh, jeung manehna di hareupeun sarerea jangji, yen rek mamayarkeun hutang Si Usup ka warung Imi.