MAEN BAL

Wani sumpah. Sajero masantren teh, kuring mah teu kungsi budug sakali-kali acan. Kungsi, aya nu marelentis tea mah, dina sela-sela ramo. Tapi lain budug. Kuman cai eta mah. Buktina diubaran ku minyak haneut sakali oge, beresih deui pisan.

Nyabit-nyabit soal budug teh, dumeh ilaharna santri sok dituding budug. Padahal rek budug mah saha wae. Nu jorok tagtu budug, sanajan lain santri oge

Atuh dina ngaji kuring teh teu buncit-buncit teuing. Najan henteu nyongcolang, tapi henteu kasebut santri belet. Malah aya nu nyebut calakan. Pedah jero dua taun bet make bisa nyusul nu geus lima taun. Tapi eta mah bisa jadi lain pedah kuringna calakan, tapi itunana nu pohara beletna.

Jeung ku kituna tea mah kaharti. Kuring memeh asup ka pasantren teh make kungsi tujuh taun sakola H.I.S. jeung basa keur di lembur, kungsi diajar ngaji jeung sakola agama.

Ngaji di imah, sorena sakola agama, peutingna di Ajengan Enoh. Atuh mun keur pere sok ngahaja keurseus basa Arab di Ajengan Suganda. Jadi aya dadasar barang jol ka pasantren teh. Demi nu sejen, umumna teu taramat sakola dasar, malah loba nu ngan ukur tepi ka kelas tilu sakolana teh.

Katurug-turug kakasih Ajengan deuih. Perlu hal ieu diterangkeun, sabab santri-santri nu sejen mah nganggapna pang kuring calakan teh pedah jadi kakasih Ajengan. Lamun jadi kakasih Ajengan, hartina sok pangheulana kabagean cai sesa ngaleueut Ajengan lamun tas ngawuruk. Da di pasantren ma sok parebut atuh cai seredan teh. Pada-pada hayang nginum. Ngalap berekah, jeung sok matak calakan cenah. Demi Ajengan sok ngahaja maparinkeun seredanana ka kuring heula Mun kuring geus nginum, kakara dika-nu-sejenkeun.

Santri nu henteu budug, calakan jeung kakasih Ajengan.

Tapi saenyana kuring leuwih "terkenal di kampung eta teh, sacara santri nu bisa tunil jeung bisa maen-bal.

Teu deuk susumpahan. Ngan loba saksina nu nyahoeun yen harita di pasantren dina lebah maen-bal mah kuring teh "raja bolana".

Jeung lain ngan wungkul maen deuih. Tapi jeung ngurusna. Kuring nu sok nyieun surat, mun nangtang ka kleup sejen, kuring nu sok nyieun pasangan, lamun rek maen, kuring deuih nu sok jadi "kapten" kasawelasan. Pendekna ari dina lebah " maen-bal mah, — saperti dina tunil kuring teh clok ti tengah. Mang Udin "asisten" Ajengan, Mang Hudari santri kahot, Kang Engkus raja Lugoh, dalah Ajengan pisan ari dina lebah maen-bal mah nurut ka kuring. Mun cek kuring jadi bek, jadi bek. Mun cek kuring tong maen, atawa eureun maen, tara make kadenge gegelendeng.

Sakitu mah nya beunang disebutkeun weweg kasawelasan pasantren kuring teh. Pek bae geura kiper Si Ibro. Budak jangkung hideung, siga keuyeup leuleus, tapi tangginas. Lunghay-lenghoyna, gumasepna, aksina, mun beh dieu mah asa nenjo kiper PSSI kiper Paijo. Ngan pedah Si Ibro mah teu pati bisa nalapang jeung sok rada jantungeun, mun aya bal ka luhur. Ku kituna mah, uyuhan bisa ngiperan oge. Da panonna telengna pohara. Da mun pahareup-hareup jeung urang, hese urang nangtukeunana, nenjo ka saha manehna teh. Naha ka urang, atawa ka batur? Jeung teu paya disurakan deuih. Komo ari di Cigombong mah, sok kacida teuing. Nepi ka aya nu nyebut "Si Teleng" atuh.

Bek katuhuna Si Usup. Budak bosongot pikasieuneun, hapur saluar awak. Si Bahrur galandangna. Jangkung leutik, tapi bangenan. Mun nenjo kana sukuna mah teu jiga-jiga bisa maenbal. Da pacer atuh. Tapi lamun geus maen, asa nenjo si Jonquet galandang Perancis nu kakoncara. Da mani siga "dipacokan" mun bal ka luhur teh. Si Komar katuhu luarna. Gancang jeung tarik sepakanana. Da lamun seg Si Komar maen-bal keneh ayeuna, kawasna bisa kapilih kana pamaen PSSI. Ah, da najan jeung Witarsa oge, kuring mah asa wani ngadukeun.

Kuring senterpur. Da ngan sagaleong-sagaleong atuh galandang pasantren Cijahe mah ku kuring bisa kaliwatan. Najan enya dedeg, tapi da boyot. Teu kaop kaliwatan meueusan, tara ngudag.

Najan barudak keneh oge pamaenna, tapi pasantren kuring teh hese tandingna. Bangsa kasawelasan pasantren mah kabeh oge dilalab. Kleup desa pisan, nu pamaen-pamaenna geus karolot, diantarana aya Mang Karim nu kawentar "Si Patok", ku pasantren kuring mah tara kurang ti tilu elehna.

Ku kuat-kuatna, nepi ka lamun pasantren Cijahe rek maen jeung nu sejen, tiluan mah kudu ti pasantren kuring teh "dibon". Biasana mah Si Usup, Si Komar jeung kuring. Malah, mang Sukri mah kokolot pasantren Cijahe, geus sababaraha kali ngolo, sangkan kuring pindah, masantren ka Cijahe. Pokna teh, "Resep di Cijahe geura masantren mah. Anak Ajenganana oge leuwih geulis batan Nyi Halimah."

Kungsi malah aya kasawelasan barudak sakola ti T anu marag. Barudak kota, jadi tangtu leuwih barisa maenna. Malah, Si Musa oge milu. Ari Si Musa tea, di T na oge geus milu maenbal jeung kolot. Enya, ari jol teh araksi pisan, abong kena urang kota. Tapi ari prung mah, da teu euleuh-euleuh. Enya ari barisana mah. Tapi barorangan. Di opat-enol teh jeung rada diheureuykeun malah. Atuh Si Musa najan beberebetan oge, teu bisa nanaon. Malah balikna mah ingkud-ingkudan. Di sabet ku Si Usup.

Ari Ajengan (cek kuring oge moderen) sepuh-sepuh oge sok ngersakeun maen-bal. Ari latihan. Kacipta keneh, sinjangna disinglidkeun, nu tembong nepi kana dengkulna teh, ngan calana cele bae wungkul. Diraksukan kutung, sakapeung mah mastakana sok dibeungkeutku anduk leutik.

Sakali mangsa mah kareureuwasan. Ari reuwasna pisan mah, eta Si Atok kakara pisan dicarekan isuk-isukna teh. Pedah aya nu ngelakkeun, pajar Si Atok ngaji henteu wulu heula. Duka teuing enya, duka teuing henteu. Enya bae bisa jadi. Sabab ku kuring oge katembong, Si Atok teh tas heureuy jeung Si Aceng, pabau-bau "richul qobbih" (Di pasantren mah ari bobos teh disebutna richul qobbih. Richun hartina angin ari qobbih goreng). Tah ari tas kitu teu katembong ka cai deui. Kek nyekel kitab.

Tah ari sorena maen-bal. Ajengan ngersakeun jadi bek.

Teuing kadupak ku Si Atok teh teuing memang ngahaja didupak. Si Atok keur lumpat mengpengan, Ajengan rek ngarebut bal. Da mani jiga dipangpengkeun atuh Ajengan teh. Nyangkorah dina kamalir. Eta bae da tijengkangna oge aya kana tilu juralitna. Mastakana mani siga nanceb kana leutak taneuh beureum.

Ari mastaka tea, mastaka lenang. Puguh, ari cengkat teh mani jiga tas dicelep beureum. Reuwas sarerea oge. Mulihna oge disangkeh Ajengan teh. Sabot kitu, kaciri Si Atok teu puguh polah. Buru-buru nyampeurkeun ka kuring. Pokna, "Wallahi Den, teu dihaja. Ana lumpat kalepasan..."

Meunang tilu poe Si Atok teu dipariksana oge ku Ajengan. Malah Ibu Ajengan mah, make kungsi ngontrog sagala ka kobong. Nunjuk-nunjuk bari saurna, "Awas, lamun Ajengan "marid" (teu damang), anta kudu ngaganti ngajar ngaji ka santri-santri". Mun Si Atok rek nembal, gancang pisan Ibu Ajengan megat kalimahna, Uskut anta, la tatakallam" (cicing maneh, montong-ngomong), saurna.

Ari akibatna, santri-santri meunang saminggu teu bisa maen-bal. Sabab balna disumputkeun ku Ibu Ajengan. Hadena basa Ibu Ajengan keur angkat, ku Nyi Halimah bal teh dipulangkeun. Malah basa tas ngaji, Ajengan kungsi mundut hampura ka Si Atok. Saurna, "Atok hampura ana, harita make ngambek, padahal ana oge nyaho,yen anta harita teu ngahaja ngadupak ana". Sportip Ajengan guru kuring mah.

Dina nyaritakeun maen-bal dipasantren aya sawatara hal nu hese dipopohokeunana. Saperti dina rek nyanghareupan pertandingan. Sok hayang seuri puguh oge ari dipikir ayeuna mah. Lamun ayeuna, dina rek nyanghareupan pertandingan teh, peutingna kudu tibra sare. Paling elat pukul sapuluh teh kudu geus ngampih.

Ari di pasantren mah sabalikna. Peutingna rek nyanghareupan pertandingan teh, malah tara sare. Tapi ngariung ngaji Yasin nepi ka janari leutik. Malah sok remen tuluy melek nepi ka subuh. Ngaji teh ngariung nu isuk arek maraen-bal. Di tengah-tenngali riungan aya baskom dieusi cai beresih. Ti Isa nepi ka janari leutik teh, saurangna ari limapuluh balik sewang mah sok meunang maca Yasin teh. Teu kudu maca deui. Salian ti baskom dieusi cai, bal keur isuk deuih nu diteundeun di tengah-tengah riungan teh. Bal meunang ngompa, ngan kari make.

Isukna memeh prung, bal teh dikumbali ku "cai Yasin" nu dina baskom tea. Nu rek maraen kudu nganclomkeun leungeun katuhuna kana cai, tuluy diusapkeun kana beungeut. Jadi kitu lah, cai Yasin teh dipake sibeungeut.

Sesana, dipake maseuhan bincurang. Ngarah kuat, ulah babari nyeri lamun katajong batur.

Aneh puguh oge. Da najan meh sapeuting jeput teu sare isukna mah tara totolonjongan. Jagjag oge, ari dina prungna waringkas bae. Bal deuih asa pohara hampangna. Da sanajan hujan oge, bal teh asa ngoleang. Asa nyepak pepelendungan sakapeung mah. Bakatku hampang.

Aya babacaanana, mun rek sup ka lapang teh. Henteu kitu bae. Moal dibejakeun babacaanana mah, bisi ditarurutan. Ngan bisi panasaran, rek dibejakeun ari babacaan mun rek nyepak "pinalti" mah. "walyatalattof' babacaaanana teh. Eta teh ayat Quran nu pangtengahna. Ditulisna oge geuning sok ku mangsi beureum. Arang gagal nyepak pinalti make babacaan eta mah. Lamun dina hiji waktu maen-bal eleh, biasa naker Mang Udin ngagelendeng, "Tah nu matak barudak sing harusu ari ngaraji Yasin teh..." cenah. Jadi lain nyalahkeun maen-bal, tapi nyalahkeun ngaji.

Ajengan ngalulugukeun. Biasa naker saurna, "Ari olahraga teh, eta sabagian tina iman. Ku Gusti Allah urang teh dipaparin badan. Tah eta badan teh ku urang kudu diriksa, sangkan sehat. Salian ti ku dahar, ngariksa badan teh kudu ku olah-raga, sangkan sehat."

Kungsi aya santri nanya, "Ajengan yaktos ari maen-bal haram? Pedah eta wartosna kapungkur nu disepakanana teh mastaka sayidina Hasan-Husen." Mani nyakakak Ajengan gumujengna. Saurna, "Heueuh haram soteh lamun balna ku sirah jalma, ari balna ku kulit mah, naha make haram... Bisa jadi haram maen-bal teh, lamun sakira matak poho kana ibadah, atawa matak ruksak awak. Jeung ari matak ruksak awak mah, ulah boro maen-bal, dalah dahar oge haram."

Saur Ajengan keneh, ari maen-bal teh saenyana mah, ngalatih lahir jeung batin. Lahirna atuh badan jadi sehat, batinna atuh pikiran jadi cageur. Kapan dina maen-bal teh urang kudu nahan napsu. Ulah hayang nyilakakeun batur, ulah hayang males lamun kasepak ku batur. Pokona mah teu meunang goreng hate.

Ana dipikir ayeuna, bet teu beda meueus-meueus acan kasauran Ajengan teh jeung pamanggih ahli-ahli olahraga moderen. Ngan beda kecapna wungkul. Hakekatna mah geus karawu harti "mens sana in corpore sano" (jiwa nu sehat aya dina badan nu sehat) teh.

Ajengan mapacuan teh dina palebah eleh maen-bal ulah jadi gering (kawas eleh ngadu), mun meunang ulah jadi diri asa aing.

Bulan puasa harita teh.

Pasantren kuring tatan-tatan baris nampa nu marag ti pasantren M nu geus kawentar pohara kuatna. Ku kuat-kuatna nepi ka urang M mah sarombong. Pokna, "Ku kleup jin oge pasantren M mah moal enya eleh". Loba santri-santri ti pasantren sejen, nu barisa maen-bal parindah masantren ka M. Ku sabab hayang meunangan maen-balna. Kaharti nu matak jadi kuat oge.

Kuring ge can kungsi ngabuktikeun kuat-kuatna mah. Ngan ari ngadenge mah geus remen, yen barudak pasantren M teh enyaan barisa maen-bal. Can aya nu kuat di lemburna mah. Ari meunangna deuih tara saeutik-eutik. Pasantren Cijambe oge dalapan elehna. Ari pasantren kuring meunangna ka Cijambe teh ngan ukur dua. Kitu oge seuseut. Nu hiji mah malah tina pinalti.

Datangna ka pasantren kuring, lain diondang. Tapi ngahaja marag. Ari pokna mah, itung-itung ngabuburit.

Ari kuring, mun poe kahiji bulan puasa mah sok balik ka lembur. Sok hayang munggah di lembur. Tapi ari harita kakara oge dua poe aya di lembur, jol Si Atok jeung Si Aceng nyusulan. Pokna disaur ku Ajengan, kudu kairingkeun. Reuwas ari mimitina mah, sugan teh aya nanaon.

Kakara dina perjalanan Si Aceng nyarita, yen pangdiala teh, lantaran isukna kudu maen-bal. Saenyana mah lain dititah ku Ajengan, tapi ku Mang Udin. Salian ti kuring, cenah Si Komar deuih nu ngahaja diala ka lemburna teh. Da kabeneran keur baik deuih.

Kuat pisan harita mah puasa teh. Da diganda maen-bal teh tara ngarasa ripuh. Jeung jagjag deuih maen-balna oge. Malah awak teh sok asa leuwih ngoleang batan keur teu puasa.

Ajengan ku anjeun nganjurkeun maen-bal bulan Puasa teh. Salian ti itung-itung ngabuburit teh jeung latihan nahan napsuna leuwih enya-enya. Pada terang ieuh, yen lamun keur puasa mah sok dareukeut pisan kana piambekeun teh. Dina maenbal mah nahan napsu ieu teh leuwih beurat. Sabab mun ngambek, salian ti teu hade teh, jeung matak batal puasa deuih ari bulan puasa mah. Naon hartina ngabuburit ari matak batal puasa mah.

Si Aceng deuih nu ngadongeng oge, yen nu baris dilawan teh pasantren M nu kawentar tea. Kuring nanyakeun, naha kabeh tukang maen-bal di pasantren araya. Jawab Si Atok, "Nu rada gering teh Si Ibro. Teu aneh ari Si Ibro mah, da unggal puasa sok gering. Eta mah ari lain bulan Puasa sok pohara capek-rahemna. Jadi ari puasa teh ripuh pisan.

Basa kuring jol ka pasantren, mokaha dibageakeun pisan. Si Ibro oge ngadak-ngadak jagjag, da sieuneun teu dimaenkeun meureun ari ngaringkuk bae mah.

Memeh barudak M daratang oge, kuring geus yakin, yen pertandingan teh baris jadi "duel meet" (ngadu jajaten) anu rame pisan.

Wanci lohor barudak M teh daratang. Leuh enya lengkep pisan. Kabeh jago-jagona daratang. "Tuh itu Den, jagona teh" Si Obi bari nunjuk ka budak petekel pikasieuneun.

Nu disebut jagona teh Si Salim. Maenna jadi galandang. Kareret, bitisna oge babalingbingan. Cek Si Obi keneh, licik saenyana mah. Sabab Si Salim teh henteu mukim di pasantren. Ngan unggal poe ngadon ngaji. Da ari gawena mah tukang ngangon munding.

Geus pada mupakat yen bal mawa hiji sewang. Sarta dipakena satengah maenan sewang. Malum, kapan geus pada terang, kumaha ari lalakon bal di pasantren teh.

Nu jadi lepri geus dipeto Mang Ulis Jakat urut jagoan. Geus patotos deuih, yen memeh prung Mang Ulis teh kudu disumpah heula hareupeun Quran, yen baris adil. Mun geus disumpah kitu, dua pihakanana reugreug jeung gembleng percaya, yen lepri teh moal beurat sabeulah. Da mustahil aya jurutulis jakat teu sieuneun ku sumpah Quran.

Teuing sabaraha puluh urang nu datangna urang M teh. Maksud teh jeung nu rek ngabobotohanana. Atuh barudak santri di pasantren kuring oge pada hayang nyaksian. Ditambah deuih ku urang kampung nu hayang lalajo bari ngabuburit. Umumna pamaen-pamaen ti M teh leuwih daredeg.

Jeung barosongot pisan deuih. Kiperna jangkung gede jeung tonggar deuih matak wegah nubrukna. Ngan bejana ngede, hartina ngan leungeun kencana wungkul nu hirup teh. Jeung cenah najan bosongot oge, rada borangan.

Memeh kuring nyaritakeun pertandingan, asa perlu mun kuring ngadongengkeun heula permaenan barudak pasantren kuring. Maksud teh, sangkan aya gambaran. Jajauheun kana make sistim kawas ayeuna ieu mah saprungna. Ukur kudu nyepak jeung kudu lumpat Tapi najan kitu, lamun ku kuring dicoba ayeuna, permaenan pasantren kuring teh kira-kira kieu:

Sistimna, sistim "ortodoks", hartina galandang milu ka hareup. Kaharti lebah dinyana mah. Da di sakuliah Indonesia oge maen-bal teh kitu harita mah. Kakara beh dieu, sanggeus perang, kapan di urang ayana sistim "stopperspil" teh. Hartina galandang nu jadi palang panto di tukang. Halep nu maraju.

Harita mah sakuliah Indonesia oge make sistim ortodoks.

Ditenjo tina gaya permaenan, pasantren kuring teh mirip-mirip kana gaya "kontinental". Maksud teh pondok, tapi gancang. Atawa meureun mun di Indonesia harita mah, jiga Persis Solo, keur jaman Maladi jadi kiperna. Ku gaya eta, kapan Solo harita make bisa jadi juara PSSI meunang sababaraha taun teh.

Jeung memang teu bisa teu kitu deuih. Sabab barudak pasantren kuring teh laleutik. Jadi teu bisa tararik nyepakna. Iwal Si Usup jeung Si Komar meureun nu tarik teh.

Najan harita mah tara dipikir heula memeh maen teh, tapi kitu kira-kirana gambaranana teh.

Nu dipahing pisan teh, barudak teu meunang ditumanan mawa sorangan. Mang Udin nu sok nyarekan budak nu hayang disebut "Si Oray" teh. Pokna, "Dina Islam haram hukumna jalma pupujieun teh."

Bada Asar ari maen-bal teh. Salat Asar heula berjamaah. Santri semah nu adan jeung komatna, Ajengan pribumi nu ngimamanana. Kitu kabiasaan di pasantren teh.

Sanggeus aweh-salam, Ajengan sasauran heula. Mapacuan sangkan maen-bal teh ulah narapsu. Sing inget kana bulan Puasa. Lamun sakira matak batal puasa mah, leuwih hade montong maen-bal.

Tah harita deuih lepri disumpahna teh. Dimimitian ku ucapan "bismillah", "biidznillah" jeung babacaan nu ku kuring dirasiahkeun tea, barudak kuring asup ka lapang. Ger keprok. Leuh, asa enya.

Katenjo santri-santri pasantren M, memeh arasup ka lapang teh, barabacaan heula. Sidik, da katenjo atuh nalamprakkeun leungeunna tanda keur ngadoa. Geus kitu kakara arasup ka lapang. Papakeanana mah sarua bae jeung kleup kuring. Hartina aya nu dibaju, aya nu buligir.

Enya. Sagerebegan oge geus karasa, yen musuh teh beurat. Garalak jeung garancang. Sepakanana tararik. Eta bae, kakara ge prung, Si Ibro geus nyekel bal. Enya deuih Si Salim teh hese diliwatanana. Sukuna kenca-katuhu harirup. Ari nyepak teh mani ngahiuk, matak sien ngadeukeutan. Ari petana, henteu daekeun ngajauhan kuring. Ngikintil bae ti barang prung oge. Geus aya bejana taksiran ka maranehna oge, yen kuring raja bolana teh. Si Bandi deuih selenter tengahna nu gancang teh. Babalicetan bangun rada babarieun ngaliwatan Si Bahrur teh. Hadena sore eta teh Si Usup maenna mati-matian, jeung Si Ibro keur rada mujur. Bal sepakan Si Bandi oge, sangkilang ka juru, da dirontok atuh. Enya ari enyana mah jadi kornal, tapi mun teu dirontok moal boa bakal asupna.

Ger atuh nu lalajo surak, Si Ibro asa heueuh, datang gumasepna. Naha atuh, bal ti katuhu luar musuh, ngagorolong laun naker.

Ah ditewak kitu bae oge, naon hesena. Ari ieu Si Ibro pupujieun. Da rek newak bal sakitu launna oge ngagoler atuh. Bal jauh keneh, manehna geus ngagoler. Ari geus deukeut, ari cleng teh bal ngancul, keuna kana batu sagede muncang. Atuh Si Ibro ngagoler, ari balna ngaliwatan sirahna. Blus teh asup.

Pek geura, saha nu teu sebel. Katenjo Mang Udin gegejlig di sisi. Mun lain bulan Puasa, taksiran kana dicabok-cabok enya tah Si Ibro teh. Mimiti rada paur basa geus eleh 1 - 0 teh.

Basa bal ka sawah, kuring ngaharewos ka Si Usup. Manehna unggeuk-unggeukan. Geus kitu kuring mere parentah deuih ka Si Atok.

Jol Si Bandi mawa bal, "dirabut" jeung suku-sukuna. Da mani kawas nangka asak ragragna Si Bandi teh. Moal henteu nyerina teh.

Barang mawa bal deui, bangunna mah rek males, tapi Si Usup ngagorowok, "la tagdib sjahrussyiam" (ulah ngambek, inget bulan Puasa!) cenah. Atuh teu tulus ngambekna Si Bandi teh, kaburu ingeteun. Geus kitu, jekek deui Si Dahir dibabuk ku Si Atok, mun rek males gorowok deui Si Atok kawas tadi Si Usup, ngingetan yen bulan Puasa. Atuh teu bisa males.

Tah ku kitu raripuhna barudak M teh. Hayang males, tapi teu bisa. Ari barudak kuring mah najan ngababuk oge moal matak batal puasa. Sabab ngababukna henteu jeung napsu. Beda jeung lamun males. Kapan ari males mah tangtu bari napsu.

Kuring sorangan teu bisa walakaya. Da teu dijauhan ku Si Salim. Rek ngababuk, teu wani. Da nenjo bitisna oge babalingbingan, pingpingna sagede tangkal jambe deuih lain tubruk-tubrukeun. Basa reureuh teh pasantren kuring eleh 1-0 tea bae.

Dina babak kadua bal teh diganti ku bal ti pasantren kuring. Eta da aneh, tadi mah asa beurat naker bal teh, asa nyepak batu malah. Naha ari ayeuna da mani asa ngoleang bal teh. Rarasaan ngan ukur katoel ku suku bal teh, tapi na atuh ari belesat teh tarik pisan. Mimiti barudak kuring meunang angin. Teu katara-tara acan ku kuring oge. Katembong teh Si Komar nampa bal ti Si Aceng, disakalikeun kana gul musuh. Da ngan sakolepat, bal teh geus asup negtog ka nu lalajo di tukangeun gul musuh. Bangbaraan.

Kuring geus nyaho kana sepakan Sumo, nu kawentar "meriam Jakarta", kuring kungsi nyaho kana sepakan bangbaraan Backhuys jeung Lee Way Tong nu kawentar ka mana-mana tea, kuring geus nyaho kana sepakan San Liong nu nepi ka jiga "ombak banyu" bakat ku tarik, kuring geus nyaho kumaha tarikna sepakan Si bubukin salenter hareup Rusia anu cek nu bohong mah matak meupeuskeun sirah nu ngaheden, tapi... sepakan Si Komar nyieun gul harita asa can manggih bandingna. Maksud teh tarikna. Da mani siga ngahiung disada atuh. Eta bae, da Si Tonggar oge, kiper M, teu ngalieuk-lieuk acan. Marukanana mah can disepak ku si Komar. Eta bae deuih, da kolot anu kasenter di tukangeun gul oge mani nangkarak bengkang. Cacakan kasenterna teh henteu nenggel. Teuing kumaha jadina lamun nenggel mah.

Sieun disebut wadul bae kuring mah, mun nyaritakeun sabaraha hasilna pertandingan harita. Da kawas rahul atuh. Kumaha teu rek kawas ngabohong, ari sababna, pasantren M nu sakitu kawentar moal eleh najan ku kleup jin teh, teu kurang ti 7-1 elehna ku pasantren kuring teh. Kuring sorangan ngasupkeun tilu. Rek disebut wadul rek henteu, tapi da enya kitu harita teh.

Eta pisan sababna pang kokolot santri ti M memeh balik teh nyampeurkeun heula ka kuring. Ngolo-ngolo sangkan kuring pindah ka M. Cenah, "Mun anta masantren di ditu mah, tong mikir ngaliwet sorangan. Di pangliwetkeun unggal poe oge". (Teu nyahoeun, padahal harita oge kuring teh tara ngaliwet sorangan, tapi sok ku Si Atok). Leuh mani kembung irung diolo kitu teh. Asa jadi Raymond Kopa nu diolo ku Sepanyol pedah jadi raja bola Perancis.