NGUPAT

Kawasna, euweuh deui pagawean nu panggampangna tur matak resep, iwal ti ngupat. Nyaritakeun kagorengan batur.

Da lamun keur ngupat, asa nyerelek waktu teh. Jeung sok mawa betah deuih. Sok matak embung indit.

Nu matak pantes, mun ngobrol bari ngabuburit, ngupat bisa jadi acara nu kacida pentingna. Penting jeung jadi acara baku deuih. Teu di awewe, teu di lalaki. Sanajan enya ari di awewe mah sok leuwih banget panyakit resep ngupat teh.

Da nepi ka aya dongeng kieu kapan. Aya hiji riungan, awewe wungkul. Sanggeus lila, nungtut balik saurang-saurang. Nepi ka sanggeus lila pisan tinggal tiluan. Bakat ku geus pohara lilana, nu saurang oge ngolesed deuih. Tinggal duaan ayeuna mah. Sanggeus tinggal duaan kitu, pribumi nanya, "Resep ayi mah, tiasa lami ninggalkeun bumi, padahal seueur putra." Nyerengeh Nyi Semah teh bari ngajawab, "Teu kinten repotna puguh ari di rorompok mah. Malah teu acan olah-olah acan. Ti tatadi saleresna niat bade wangsul mah. Mung asa sararieun"

"Na sieun naon?" cek pribumi deui. "Ari aceuk," walon Nyi Semah. "Kapan ti tatadi abdi ge ngiring. Unggal semah nu wangsul ku urang teras diaromongkeun. Teu aya saurang oge anu henteu diomongkeun. Eta margina badi mandeurikeun maneh. Jadi upami wangsul ayeuna mah, saparantos di dieu teu aya deui semah, tangtos abdi moal diomongkeun sapertos nu sanes-sanes..." Tah nepi ka dinya bangetna panyakit ngupat di wanita teh.

Sedeng ari ngupat teh hiji pagawean nu dilanat.

Saur Ajengan, "Mangke dina yaomal qiamat, urang baris papanggih jeung jalma-jalma nu letahna paranjang. Aya nu nepi ka saratus deupa. Bakat ku kagok, eta jalma teh terus-terusan ngeureutan letahna. Getih minuhan awakna. Tapi letahna jadi deui, jadi deui, henteu mondokan, najan eta jalma tuluy-tuluyan ngeureutan oge. Tah eta teh jalma nu di dunyana resep ngupat, resep ngomongkeun batur. Letahna ku Allah baris dipanjangan, nepi ka jadi momot anu pohara beuratna. Eta teh kungsi ditingalikeun ka Nabi Muhammad, basa Anjeunna mi'raj."

Saur Ajengan keneh, "Ari tina ngupat teh sacetet deui pisan kana ayana pitenah. Sedeng harti pitenah teh cek Quran, "Asjaddu minal qotli", leuwih jahat batan maehan.

Tah, harita ge mimitina mah keur nyaritakeun gorengna ngupat Ajengan teh. Lain di pangajian. Tapi baris diparas ku Mang Harun di garduh. Nu disebut diparas teh pikeun Ajengan mah dikerik nepi ka lenang. Kuring jeung sawatara urang santri keur nungguan bari ngabuburit. Da jeung tempat kumpul deuih garduh tempat nyukur Mang Harun teh.

Saur Ajengan bari ngaraoskeun ni'matna peso cukur Mang Harun dina mastakana, "Mangkade barudak, ari bulan Puasa teh kudu ngajauhan pisan pidorakaeun. Pangpangna, ulah loba teuing ngupat deungeun. Pohara gorengna, mungguh Allah mah ari ngupat teh. Lain dosa leutik-leutik."

Mang Harun milu nyarita, "Sumuhun teu kahartos ari jalma ku resep-resep teuing ngupat. Kamari mah abdi di dieu dugi ka kesel ngupingkeun Jang Aceng sareng Jang Kosim ngupat Kang Suta. Na aya santri beuki-beuki teuing ngomongkeun batur."

Mang Udin milu nyarita, "Puguh oge Si aceng mah geus ngabaju kana ngupat teh. Di mana-mana pagaweanana ngan ngupat. Da jigana tara ngobrol lamun lain nyaritakeun kagorengan batur.Padahal manehna teh taya kabecus. Eta bae geura beletna teh geus tilu bulan ngagugulung Hidajatul Mustafid, can timu-timu. Padahal mah naon hesena Hidajatul Mustafid."

"Heueuh, tetenjoan anta mah Si Aceng teh asa kendor pisan ngajina. Qiroahna oge dedengean mah titatarajong keneh", saur Ajengan, bari beuki peler dikerik lebah embun-embunan.

"Tapi naha atuh ari kamari mah mani ngabuih nyaritakeun, yen Kang Suta kacida beletna?" cek Mang Harun deui.

Si Usup, "Ah, da hese neangan jalma pikasabeleun kawas Si Aceng mah. Sasetel ari jeung Si Kosim mah atuh. Pada-pada pikasabeleun. Kamari mah Kang, (bari ngalieuk ka Mang Udin) nyeungseurikeun, pedah ana keur ngadeluk ngagosok hapur ka laja. Padahal manehna ge hapur dina pundukna. Ayeuna cageur soteh.

"Enya, cing atuh Udin papatahan Si Aceng teh ulah sina teuing ngomongkeun batur. Da urang oge milu dosa ari resep ngantep bae nu nyieun masiat mah," saur Ajengan.

"Adatna qobih (goreng) puguh Ajengan. Si Eta mah sok ngalawan lamun digeunggeureuhkeun meueusan oge."

Barang Ajengan tereh anggeus diparasna Si Usup indit. Pokna, rek ka Juragan Jurutulis Jakat, boga hanca keur nyieun paranje.

"Tah, Si Usup deuih nu sok resep ngomongkeun batur teh," cek Mang Udin sanggeus Si Usup indit.

"Heueuh, jeung rada kedul salat tetenjoan teh," saur Ajengan bari cengkat, tuluy angkat.

"Sareng rada cologong deuih titingalan mah." cek Mang Harun bari ngebut-ngebut anduk leutikna.

Bosen ngadengekeun nu ngobrol, kuring permisi nyalingker heula ka tukangeun garduh maksud indit, teh rek nyokot awi pijeujeureun tadi ditunda.

"Kuring mah teu pati resep ka santri nu bieu diuk di dinya deukeut kohkol", kadenge ti pipir Mang Udin nyarita. (Tangtu kuring nu dimaksudna teh).

"Geura Mang Harun, ari rek ka balong tonggoh biasa na ker...", ngan sakitu nu kadenge ngomongkeun kuringna teh. Kuring kaburu ngaleos, sieun kababawa doraka.

Kumaha ieu kuring ayeuna? Lain, kuring mah lain ngupat. Ieu mah nyaritakeun nu nyaritakeun kagorengan batur. Asa pabeulit kecap teh. Tapi da kitu eta teh.