PANGHULU

Sakali deui kuring ngingetan, yen basa jaman masantren, yen kuring budak keneh pisan. Sakali deui kuring meupeujeuhkeun, sangkan jalan pikiran kuring harita, ulah diukur ku jalan pikiran ayeuna. Ari sababna, pikeun kuring sorangan, naon nu harita jaman pasantren disebut "mutlak bener", ku ukuran pikiran ayeuna mah ku kuring sorangan diseungseurikeun. Sanajan enya, nyeungseurikeun teh lain ngewa ku polah sorangan, tapi lucu ku polah jeung jalan pikiran harita.

Perlu kuring ngingetan sababaraha kali soal ieu, sabab lamun teu kieu, tangtu dina carita-carita kuring ieu bakal loba nu disebut jijieunan atawa karangan wungkul.

Saperti dina lebah kuring kudu nyaritakeun, naon sababna pang kuring boga cita-cita hayang jadi panghulu. Poma ulah disebut bolongkotan beunang ngarang, lamunna henteu saluyu jeung akal urang ayeuna.

Ku kituna mah teu kudu heran. Saperti cek kuring tadi, deui kahayang hiji-hiji manusa teh gede dipangaruhanana ku kaayaan lingkungan, anu ku basa deungeun disebut "millieu". Demi kuring, ti umur tilu taun cicing teh di aki, hiji sarat kaom. Ari dunungan Eyang teh nya eta Jurangan Panghulu. Puguh, pikeun Eyang kuring mah taya deui pangkat nu pangluhurna iwal ti panghulu. Atuh kuring nyaksian deuih, kumaha "terhormatna" ari panghulu di kampung. Pikeun nu hahajatan di kampung mah panghulu teh leuwih penting batan camat. Berekat sok pangmunelna, gaganting sok panggedena. Atuh lamun Juragan Panghulu sumping ka majlis, pohara dipiserabna. Lamun ka bumi Eyang aya Juragan Panghulu, kuring tara pisan meunang ka hareup. Sedeng kapan lamun aya semah biasa mah kuring sok diantep najan lelendehan ka Eyang oge. Dalah lamun aya nu keur dikawinkeun ku Eyang pisan, kuring tara digeureuh-geureuh najan dadapangan deukeut panganten oge. Tah, ti harita kuring boga anggapan, yen pangkat anu pangluhurna jeung pangterhormatna panghulu teh.

Atuh terus katumbu ku meunang ajaran pasantren. cenah, ari panghulu teh pamingpin agama anu dituturkeun ku balarea. Taya bedana jeung cholifah di Arab sanggeus Nabi pupus. Bedana teh meureun ukur, ari cholifah mah jadi pamingpin agama jeung darigama, demi panghulu mah ngan pamingpin agama wungkul.

Demi saur Ajengan pisan kapan, sakitu pahlana lamun urang daek jadi pamingpin agama teh. Mangke di akhir, pamingpin agama teh dina barisan ummat anu rek asup ka sawarga, bakal leumpang pangheulana.

Tah eta dua faktor. kahiji faktor "sosial ekonomis." kadua faktor "pangheulana ngalengkah ka sawarga," pang saenyana kuring boga cita-citana anu cengeng hayang jadi panghulu teh.

Jeung lain ngan ukur jadi panghulu biasa deuih cita-cita teh tapi terus hayang jadi panghulu landrat. Nu purah nyumpah saksi di pangadilan tea. Tuh ari saenyana mah eta cita-cita hayang jadi panghulu teh, bener-bener bisa "dipertanggungjawabkeun." Nya "lahir" nya "batin." Lahirna atuh sosial ekonomis, batinna mulya mungguh agama tea.

Ku lantaran di pasantren cita-cita kuring dianggap pangluhurna, atuh kaharti mun ku kuring dicaritakeun oge, yen ti harita "pangaji" kuring dipasantren jadi leuwih ngarangsod. Ibu Ajengan atuh karasa beuki asih ka kuring teh. Ngan saperti tadi, Mang Udin nu kalah karasa beuki teu resepeun teh. Ku kitu tea mah da barudak, teu puguh-puguh nyaritakeun kabar angin nu majah cita-cita Nyi Halimah hayang jadi bojo panghulu. Boa bener, boa henteu eta kabar angin teh. Nepi ka kuring eureun masantren oge, kuring teu kungsi yakin kana benerna eta beja. Maksud teh henteu kungsi nalengteng ka Nyi Halimahna pribadi.

Lamun kuring pareng Jumaahan di kota, eta da mani uruy nenjo "mahasiswa" sakola panghulu. Garinding ari Jumaahan teh. Marake baju tutup bodas, medod dibendo. Nepi ka basa kuring balik ka lembur, kungsi ngurihit menta dipangnyieunkeun bendo. Tangtu loba keneh nu ingeteun, yen kuring lamun Jumaahan salawasna make bendo, nurutan "mahasiswa-mahasiswa" sakola panghulu. Tah nepi ka dinya hayangna kuring jadi panghulu teh.

Cita-cita kuring jadi panghulu teh, pangpangna pikeun Si Atok jadi hiji kabungahan anu pohara gedena. Geus kadenge omonganana ka batur, pajah teh lamun Aden geus jadi panghulu, ana moal hese jadi merebot. Da ngan nepi ka dinya kahayang Si Atok mah. Pokna, jadi merebot mah bakal jadi jalma pangkawasana kana "bedug" moal nepi ka hese lamun hayang ngadulag.

Si Aceng mah gagabah. Make aya omongna: Ana mah hayang dikawinkeun ku anta (ka kuring). Lamun anta can jadi panghulu, ana mah moal kawin.

"Hadena" Si Aceng teh maot basa jaman revolusi, keur jadi tentara Hisbullah. Di Bodogol (Ciparay) maotna oge. Taksiran lamun teu maot, karunya moal kawin-kawin saumur hirupna. Sabab kapan nepi ka ayeuna oge, kuring teh teu kungsi jadi modin-modin acan.